Punten yeuh bade mairan. Ari ceuk sim kuring mah budak anu ngeusian eta soal teu bisa disalahkeun jawabanana.
Lantaran dina gambar na oge euweuh katerangan anu nyebutkeun yen eta teh indung jeung anakna. Untung wae jawabanana ngan aya tilu coba lamun ditambahan ku "kakak" "bibi" "nenek" jst. Meureun loba anu ngeusian kanu lain ge. Nu salah mah nu ngeusian "ayah" da geus jeulas yen gambarna ge awewe (teuing lamun awewe jajadian mah)" Tah kukituna ieu teh lain leunyeupaneun keur para orang tua wae tapi oge keur para guru. Supaya dina nyieun soal teh kudu jelas gambaranana supaya budak anu ngeusian ngarti kana naon nu dimaksud ku guruna. Baheula oge kungsi kuring nyalahkeun guru pedah nyalahkeun jawaban anu dijieun kukuring. Pertanyaan na teh kieu : - Coba uraikan pendapat anda tentang ....!!! (nu kieu mah lain pertanyaan nya?) Gutrut weh ku kuring dieusian nurutkeun pendapat kuring. Ari teun teh bet disalahkeun ceunah lain kitu kudu kieu (ari kitu mah meuerun kudu menurut pendapat guru lain pendapat anda). Mangga ah.. Permiossssssssssss

