Rarasaan mah dina carita-carita wayang golek sok mindeng disabit-sabit onom
mah...komo mun geus asup kana "perbutaan", jurig jeung dedemit....Dewi Gedeng
Permoni pamajikan Arjuna osok oge diasupkeun golongan eta. Utamana mah dalang
Ade jeung Asep Sunarya nu sok didepongan teh, baheula. Tapi ari apal kecap onom
mah sigana ti kolot-kolot we da turunan onom keneh...eh wetan keneh.
Sabulan kamari ka tipu ku sakadang onom teh. Hiji babaturan ngomong, cenah
ngeunah jeung reugreug we ayeuna mah kamana-kaman teh, teu ringrang ku nanaon.
Naha?, raaeng nu nanyakeun. Jawabna teh, "Heueuh pan ayeuna mah sok dibarengan
ku si Godeg, urang Ciamis. Urang Ciamis mah pan kamana-kamana oge dikawal ku
Onom rawa Lakbok!", cenah! Haha
baktos,
siporenges
mangjamal <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mun para dalang maraos novel Fetussaga jadi rame
sigana nya. dina wayang aya onom.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com