hehehe...meni baong nya sampe nu gancet dibaledogan sagala ..hahaha Kang tah aya dongeng ngeunaan Gancet ti babaturan :
Heueuh asa kuwaas. Jadi inget ka zaman baheula, kuring ulin ngalaan hanjeuli jang peperangan di eta astana. Astana Gede katelahna teh, teu jauh ti imah. Da mun wanci maghrib liwat ka dinya teh sok lumpat sakalumpat lampet, ceuk beja mah mani sumil, hawana ge geueuman. Sakadang gancet jadi carita anu teu leupas tina astana Gede. Duka enya duka henteu, da carita eta teh terus tutur tinular, tapi geus dimodifikasi kumaha jeung kaayaan zaman-na. Hiji waktu aya pasangan ti lembur mana..., hiji waktu deui aya pasangan ti SMA mana...., lain waktu geus robah deui pamaenna. Tapi nya kitu, ngan sakadar carita. Ngan hiji mangsa, basa kuring peperangan di eta astana, kuring jeung babaturan amprok ngawenehan pasangan anu keuna kutuk ku sakadang ganjet. Aya lima urang mun teu salah mah rombongan kuring harita, bari marawa bebedilan jeung hulu dibeungkeut make duk (kacu) pramuka. Asa we rambo harita mah. Pas keur kukulibekan dina rungkun, kuring saparakanca ningali aya sora nu aneh. Atuh kabeh teh keketeyepan nyamuni dinu buni sieun kapanggihan. Bari ngengsot ngadeukeutan eta sora. Batur kuring ngaharewos, "aya nu ganjet jigana." Atuh kabeh teh mani pagura giru hayang awas ningali bari teu kapanggihan. Beu...heueuh pisan euy, etamah da aya pasangan ganjet dina handapeun tangkal kiara, mani ngahephep teu bisaeun leupas. Ngan hanjakal, nu gancetna teh lain nu biasa sok dicaritakeun, budak lembur mana, atawa SMA mana, tapi ieu mah bangkong budug anu sarua gendutna... Hiy, harita oge ku kuring saparakanca dibuburak dibabetan make buah kamboja..heu heu heu kadupakhalu,- Jakarta ----- Original Message ---- From: Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Cc: [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED] Sent: Tuesday, October 30, 2007 9:04:50 AM Subject: [smaneka_kuningan] Sakadang Gancet Tutunggul rentul dihias ku kembang kamboja, geus rada jarang tangkal caringin badag mah, ngan aya hiji dua mah anu teu dituar. tangkal caringin eta paragi reureuh manuk uncuing mun tas nyaba tinu jauh, ceunah mah tos tugas ngabejaan papaten, Wallohu alam. Di handapeun eta tangkal caringin aya kuburan anu sakitu panjangna, kabayang anu dikubur jalmana jangkung badag. Tutunggulna oge make batu anu lonjong panjang tur hideung. Disagigireun kuburan ditaretes ku batu anu geus lukutan. Keur mah lebah dinya mah hawana tiis matak jadi lukut. Teu sagawayah jalma anu wani ngulampreng ka astana eta, ceunah cek beja geueuman. Malahan aya dongengna ceunah aya barudak ngora ngadon bobogohan di eta patempatan "dihakan" ku Sakadang Gancet. Enya bae mun dipikir-pikir mah, astana bae geus boga "aturan" anu teges sakur-sakur anu ngadon bobogohan di astana hukumana kudu siap dilegleg ku Sakadang Gancet. Naha atuh ari di urang anu hirup, anu bobogohan mani maceuh, paduli teuing gigireun masjid, naha bet diarantep. Malahan teu saeutik jalma anu ngadagangkeun kahormatan dirina, dijalan-jalan, dihotel-hotel jeung rea-rea deui, ngan teu daekeun ari di astana mah da sieun ku Sakadang Gancet. Eces mun kitu mah aturan astana leuwih dipikasieun tibatan aturan pamarentah. Jigana konci kasuksesan aturan astana anu ngalibatkeun Sakadang Gancet teh nyaeta ; teges jeung teu pilih bulu. Kumaha ari di urang salaku anu ngageugeuh patempatan masing-masing? aya keneh kitu anu sok bobogohan anu teu ngenal wates? dikumahakeun mun seug kaperegok keur bobogohan? paling oge mun seug kaperegok keur bobogohan lain jeung muhrimna mah paling banter dikawinkeun kalayan disaksian ku Hansip, eta oge mun si pelaku teu bisa 'nego' jeung anu ngageugeuh eta patempatan. Masih keneh kitu Sakadang Gancet kiwari? cikan susuganan aya dongengna ti ki dulur ngeunaan Sakadang Gancet... mangga diantos. Cag Kebo Hideung - Tasikmalaya __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

