Hatur nuhun ka kang Iim oge panitia nu tos milarian tempat pikeun nitipkeun buku2 pabukon kanggo barudak di sabudeureun tempat HBH Kirpay
Kamari. Tempatna kaleresan di komplek bumi perkemahan Dr. HC Mashudi, di madrasah Al Falah. Program kapayun, calon pabukon aya di Sumedang-lembur kang Suryadi, Madrasah oge, teras di Jampang, lembur karuhun teh Imas sareng bade . ayeuna nuju nyicil meseran buku diluyukeun sareng kencleng nu aya. Teu tiasa ngebut dan dana nu aya mung 7an, teu tiasa dibalanjakeun sadayana, margi sabagian ageung (total 6 juta) tos dijatah kanggo beasiswa ka barudak di desa Linggajati Kuningan, lembur kang Ndoel Teja. mj

