Baraya sadaya ..........
Nalingaan kana topik di luhur .... meni asa bungah ngadanguna teh ...... Mangga
ah sing junung tur sing harasil .... kapayunna panginten pami tos rengse mah
tiasa di-download file fonts-na ........!? Mugi-mugi wae .........
Harita oge kantos nga-download file fonts hurup sunda ..... tapi rarasaan teh
asa teu merenah ......... Makana teu dituluykeun makena ...
Ngeunaan Aksara Sunda ...... sim kuring jadi inget pangalaman baheula basa keur
jaman sakola di lembur ........
Pan harita mah basa kuring sakola (SD-SMP-SMA) teh teu diajarkeun pisan jeung
teu nyaho nu ngaranna hurup / aksara sunda teh ...... dan emang meureun euweuh
kurikulumna sugan ........... Manghanjakalkeun ...........
Harita teh, mun teu salah mah, keur sakola di SMA kelas 2. Kuring iseng nempoan
koleksi buku-buku buhun anu kolot, sihoreng kabeneran nimu buku nu geus rada
koneng ujur ku umur, mun teu salah mah judulna teh: Aksara Sunda. Nya iseng wae
ditalungtik .... geuning teu hese-hese teuing diajar ha na ca ra ka teh ........
Kabeneran jaman harita teh kuring sok aktif miluan ngabina barudak penggalang
pramuka di SMP. Kulantaran kuring geus rada bisa tur rada nguasai (naon atuh
basa sundana nu bener "menguasai" ....!?) eta aksara sunda .... jeung deuih
kuring teh meni asa hayang ngamumule ieu aksara sunda, harita teh ku kuring
dilarapkeunn kana basa sandi tina kapramukaan, salian tina basa sandi morseu
..... sandi sempahore ..... sandi ... nanahaon deui mah da meni loba pisan atuh
paroho deui sandi-sandi dina pramuka teh. Nya alhamdulillah geuningan ....
sanajan di kurikulum formal mah pelajaran aksara sunda teh teu aya, tapi ari
barudak asuh mah harita teh geus nyarahoeun jeung bisa maca tur nulis aksara
sunda.
Tah dugi ka danget ayeuna duka teh teuing masih pada dilarapkeun atanapi henteu
tah ku panerus sanggeus kuring, da kabeneran kuring kaburu hijrah ti wewengkon
pasundan teh ........
Kukituna ...... baraya meni asa tuginah ayeuna mun tea mah topik di luhur bisa
jadi kanyataan ..... cingan enggal wae wawar upami file font-na tos tiasa
didownload.. Hatur nuhun sateuacanna.
Sok ah dulur-dulur ....... emang leres pisan, moal aya nu tiasa ngamumule
budaya urang sunda lian ti kuurang-urang sorangan.
Hatur nuhun,
Wass,
gl
________________________________________________________
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/