Eta lamun ngalih kinten-kintena namih luang jeung pangalaman henteu keur Kang 
Dede, ayeuna mah dina eta hijrah teh tiasa ngaronjatkeun kamulyaan keur urang 
atawa henteu, ari lingkungan mah dipandeurikeun bae atuh da lila-lila mah 
dipangumbaraan ge bakal betah atuh komo ceunah bari jeung bisa naekeun darajat 
urang mah. Keun engke deui lamun Kang Dede hayang jadi ketua otorita Jatigede 
mah lamun geus masagi elmuna, ayeuna ngalalana heula bae atuh. Elmu tungtut 
dunya siar, komo pamajikan kudu diteang.

wasalam

----- Original Message ----- 
  From: Jatigede 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, November 01, 2007 12:47 PM
  Subject: [Urang Sunda] Ngalih di Bandung!


  Bade naroskeun Bandung. Kaayaan lingkungan sareng sajabina, maksadna naha 
abdi pantes teu nya?  
  Amangna "si teteh" nawarkeun padamelan di Bandung supados pacaket. 
   
  Aya rasa bungah bade ngalih ka Bandung, lingkungana seueur urang Sunda,  
mulih ka Sumedang caket. Oge aya rasa sedih ninggalkeun Jakarta, seueur 
rerencangan.

  Upami janten.....

  Sahman


  www.friendster.com/sahman
  www.geocities.com/ex_orientelux
  Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com  

Kirim email ke