Kang abdi mah jatigede-na ti darmaraja, sareng si nyai (sok nyebat si nyai da 
hoyong sunda pisan..) ti Cadasngampar. Cihanyir mah di Pamoyanan nya kang? beh 
kalereun Jemah..wah tebih pisan kang......
  teu apal kadinya teh...jauh kedah ngaliwata tanjakan abah heula sareng Jemah 
teras toangan tah ka palih dinya mah, jauh ditu kadieu....
   
  Hatur nuhun
  Sahman

Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
              
  Kelanan ........ oge pararunten ah ...... bilih kaluar tina jalur 
milis....... 
  Mugi-mugi kaparengkeun wae ieu mah, kanggo Kang Dede, naha kawit teh leres ti 
Jatigede ...!?
  Sim kuring asa pareumeun obor sareng ki sobat anu linggih di Jatigede / 
Cihanyir, tapi ayeuna duka dumuk sareng damelna di mana kirang terang. Meni asa 
sono awis tepang ti lulus SMA yeuh.
   
    Ari jenenganana teh LILI RAHLI, kapungkur mah linggihna teh di Cihanyir.

   
  Mugi tiasa ngabaktos, Kang De ...!? Hatur nuhun.
   
   
  Wass,
  gl
  

----- Pesan Asli ----
Dari: dudi_ss 
Kepada: [email protected]
Terkirim: Kamis, 1 November, 2007 3:36:45
Topik: Re: [Urang Sunda] Ngalih di Bandung!


      Eta lamun ngalih kinten-kintena namih luang jeung pangalaman henteu keur 
Kang Dede, ayeuna mah dina eta hijrah teh tiasa ngaronjatkeun kamulyaan keur 
urang atawa henteu, ari lingkungan mah dipandeurikeun bae atuh da lila-lila mah 
dipangumbaraan ge bakal betah atuh komo ceunah bari jeung bisa naekeun darajat 
urang mah. Keun engke deui lamun Kang Dede hayang jadi ketua otorita Jatigede 
mah lamun geus masagi elmuna, ayeuna ngalalana heula bae atuh. Elmu tungtut 
dunya siar, komo pamajikan kudu diteang.
   
  wasalam
   
  ----- Original Message ----- 
    From: Jatigede 
  To: [EMAIL PROTECTED] ups.com 
  Sent: Thursday, November 01, 2007 12:47 PM
  Subject: [Urang Sunda] Ngalih di Bandung!
  

  Bade naroskeun Bandung. Kaayaan lingkungan sareng sajabina, maksadna naha 
abdi pantes teu nya?  
  Amangna “si teteh” nawarkeun padamelan di Bandung supados pacaket. 
   
  Aya rasa bungah bade ngalih ka Bandung, lingkungana seueur urang Sunda,  
mulih ka Sumedang caket. Oge aya rasa sedih ninggalkeun Jakarta, seueur 
rerencangan.
   
  Upami janten.....
   
  Sahman


www.friendster. com/sahman
www.geocities. com/ex_orientelu x   Send instant messages to your online 
friends http://uk.messenger .yahoo.com 


  .
   



  
---------------------------------
  Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers  

                         


www.friendster.com/sahman
www.geocities.com/ex_orientelux
 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke