Panganteur* (Polémik Undak-usuk Basa Sunda)
Ku : Dodong Djiwapradja

Dina bulan Maret 1986 di Lémbang geus lumangsung hiji "Seminar Kabudayaan
Sunda" nu diayakeun ku Sundanologi. Tulisan Ajip Rosidi dina Manglé No.
1048, No. 1050, jeung No. 1051 anu dijudulan "Ngabina jeung Ngamekarkeun
Kabudayaan Daérah (Sunda)" asana mangrupa makalah nu ditepikeun ku Ajip dina
éta seminar. Ti sabarang dimuat dina Manglé, kana éta tulisan ting torojol
réaksi, nya éta ti Saini K.M. (Manglé No. 1052), Djadja Sargani (Manglé No.
1053), F. Djajasudarma Idat A. (Manglé No. 1060). Éta tulisan anu beunang
disebut polémik sipatna téh sakabéhna dihijikeun ngajadi ieu buku.

Tulisan Ajip Rosidi eusina dimimitian ku pedaran dasar-dasar hukum ngeunaan
hak hirupna kabudayaan daérah saperti anu kaunggel dina Pasal 32 jeung 36
UUD 1945 (katut 'penjelasan'-ana). Pikeun nétélakeun yén masarakat Sunda téh
puguh jentulna, nya éta hiji masarakat séké bangsa nu geus ngabogaan
kabudayaan jeung basa sorangan nu tangtu tur maneuh, Ajip kalawan imeut
sarta kritis medarkeun kaayaan sajarah urang Sunda. Éta pedaran téh sigana
diperlukeun ku Ajip pikeun nétélakeun yén kabudayaan jeung basa Sunda téh
bener-bener mangrupa kabudayaan jeung basa nu dipimaksud ku éta Pasal 32
jeung 36 UUD 1945, nu dina kalungguhanana sarua jeung kabudayaan sarta basa
daérah lianna, pada-pada kaasup "kebudayaan yang timbul sebagai buah usaha
budinya rakyat Indonésia seluruhnya". Saterusna tulisan Ajip nyoko dina basa
Sunda, babakuna dina perkara undak-usukna. Tina hal ieu pisan timbulna
réaksi téh.

Sabenerna soal pro jeung kontra undak-usuk téh, ceuk F. Djajasudarma geus
aya ti béh ditu kénéh. Dina tulisan Popo Iskandar kacatet yén dina taun
50-an, M.A. Salmun pernah ngasongkeun pamadeganana ngeunaan perluna
ngadémokrasikeun basa Sunda. Ngan sigana jurus démokrasi basa M.A. Salmun
rada kurang weweg kuda-kudana, da lamun maca tulisan Popo Iskandar mah siga
éléh géléng nepi ngan bisa ngelid ku kecap-kecap, "Da kuring mah lain rék
ngaleungitkeun basa lemes". Naha dina ngedalkeunana kacirina bari
balaham-béléhém éta M.A. Salmun téh atawa bari némbongkeun ulat daweung
ludeung, moal dijadikeun catur di dieu. Anu kudu disawalakeun mah kajinekan
harti tina éta kecap-kecap; naha ngadémokrasikeun basa Sunda téh miboga
harti ngaleungitkeun basa lemes, atawa lain? Naon sababna soal
ngadémokrasikeun basa atawa soal ngaleungitkeun (= ulah dipaliré ceuk Ajip
mah) undak-usuk basa sok nimbulkeun réaksi nu kacida séwotna mun dijadikeun
bahan sawala? Naon sabenerna undak-usuk téh? Di mana tempatna éta undak-usuk
dina wangunan basa Sunda sagemblengna? Naha éta téh kaasup masalah struktur
pituin dina basa Sunda atawa kaasup masalah 'eusi' nu mangrupa bagina tina
kabeungharan kecap (perbendaharaan kata) dina éta basa?

Ku pangrasa, kaciri ayana pasalia paham dina ngahartikeun kecap undak-usuk
dina ieu polémik tinulis téh. Ajip Rosidi nyindekkeun yén undak-usuk téh
pihartieunana panta-panta dina maké kecap lemes-kasar waktu cacarita. Ari
panta-panta téh, ceuk Ajip, ngabéda-bédakeun jelema nurutkeun luhur-handapna
martabat manusa saperti di jaman kolonial-féodal (Ajip méré babaran historis
tina hal ieu). Jadi, tingkat-tingkat basa lemes-kasar téh dina enas-enasna
mah sihoréng ngabéda-béda martabat manusa. Ku sabab éta, mending
dileungitkeun éta pandangan jeung sikep sarupa kitu téh lantaran teu saluyu
jeung kahirupan dina alam démokrasi kiwari. Ari cara ngaleungitkeunana, cek
Ajip, nya éta ku jalan ulah dipaliré éta undak-usuk basa téh. Béré harga nu
sarua unggal kecap nu sarua hartina téh. Sajaba ti éta, undak-usuk téh
ngahésékeun barudak kiwari diajar basa Sunda. Tina sikep maranéhanana aya
kesan ngajauhan basa sorangan, da sieun salah téa. Hal ieu mangrupa soal
kadua dina tulisan Ajip.

Kumaha cék pihak nu méré réaksi, pihartieunana undak-usuk basa téh? Nu teu
panuju kana pamadegan Ajip nyebutkeun yén undak-usuk téh teu bisa
diilangkeun tina basa Sunda, sanajan asalna mangrupa pangaruh ti luar.
Lantaran, éta undak-usuk geus mangrupa sipat pituin basa Sunda kiwari, geus
mangrupa "trade mark"-na. Atuh dina méréna alesan kacirina bet undak-usuk
téh ditempatkeunana dina masalah struktur, lain dina masalah kabeungharan
kecap anu dina sajarah kamekaran basa bisa barobah. Aya ogé nu nyebutkeun,
undak-usuk téh mangrupa maniféstasi "kalemesan budi basa" urang Sunda. Lamun
teu dipaliré, kumaha atuh jadina basa Sunda téh? Hanjakal dina méré
alesanana ngan bulak-balik dina lemesna basa baé, teu maké sawangan nu
jembar ambahanana, anu bisa nepi ka hiji pananya sarupa kieu: naha
kecap-kecap lemes nu asalna mangrupa bagian tina tatakrama féodal téh loyog
jeung tatakram démokrasi kiwari? Naha basa hormat téh sarua baé tingkatanana
boh pikeun masarakat féodal, boh pikeun masarakat démokrasi?

Pikeun ngajéntrékeun ieu masalah, sigana perlu disigeung heula perkara
ajén-inajén manusa: kumaha nurutkeun masarakat kolonial-féodal, kumaha
nurutkeun masarakat démokrasi, supaya écés dina ieu pedaran urang dimimitian
heula ku jalan ngabédakeun harti kecap manusa jeung harti kecap jelema.

Kecap manusa dipaké mun urang dék ngabédakeun jelema ti sato, tutuwuhan
jeung ti pangeusi alam lianna. Kecap pangajén nu loyog dipakéna di dieu nya
éta martabat. Martabat manusa dibédakeun ti martabat sato, tutuwuhan jeung
ti pangeusi alam lianna.

Kecap jelema dipaké dina harti wujud nyata manusa saurangna-saurangna
(individu) dina hirup kumbuh. Tegesna kecap jelemamah pihartieunana nya éta
manusa nu geus 'ngalalakon' dina pakumbuhan, nya éta manusa nu geus nyandang
kalungguhan (status) sosial jeung peranan sosial sarta tugas (fungsi)
sosial. Kecap pangajén nu loyog dipaké di dieu nyaéta harkat (pikeun
kalungguhan sosial), jeung darajat (pikeun peranan sosial). Kecap pangkat
biasana nuduhkeun lelewek wewenang nu aya dina hiji kalungguhan sosial atawa
peranan sosial.

Dina kahirupan sapopoé sok aya kekecapan kieu, "Si Ujang téh ayeuna mah geus
jadi jelema". Tah ieu kekecapan téh pihartieunana lain duméh Si Ujang monyét
saméméhna mah, atawa lain manusa tadina mah, tapi pikeun nuduhkeun yén Si
Ujang geus boga harkat atawa meunang darajat dina kahirupanana. Bisa baé
pasalna mah tina miskin jadi beunghar, tina lugah-ligeuh jadi boga gawé nu
pantes, Si Ujang téh. Ku bogana harkat atawa meunangna darajat, manéhna jadi
naék ajénna di masarakat. Akibatna aya parobahan tatakrama ti lingkunganana
nu ditujukeun ka manéhna.

Dina masarakat kolonial-féodal di urang baheula, harkat jeung darajat sosial
téh ngan bisa méré "nilai tambah" kana martabat manusa nu geus nyampak
dibéda-béda. Hartina, éta harkat jeung darajat sosial téh teu bisa ari
ngarobah martabat manusa mah. Dina novel Lain Éta Moh. Ambri, teu jadina
Mahmud ka Néng Éha téh lain ku lantaran harkat jeung darajat sosial Mahmud
leuwih handap ti Néng Éha, malah bisa jadi aya leuwihna, tapi kulantaran
dina anggapan Juragan Kalipah, rama Néng Éha, lain turunan radén Mahmud mah.
Hartina dina pandangan Juragan Kalipah manusa Mahmud leuwih rendah ti manusa
Néng Éha. Pokna gé cenah, "Lebar teuing anak urang dibikeun ka nu lain
turunan". Ieu kakara pangkat kalipah, komo deui ménak nu pangkatna leuwih
luhur. Padahal manusa Mahmud téh martabatna teu kaasup cacah, da turunan
mas. Atuh komo deui lamun ka cacah. Jadi, harkat jeung darajat jelema di
jaman kolonial-féodal ngan meunang pangajén ti manusa nu samartabat jeung ti
nu leuwih handap martabatna, da ti manusa nu leuwih luhur martabatna mah teu
meunang pangajén. Alhasil harkat jeung darajat sosial dina jaman harita teu
bisa ngarobah martabat manusa. Nya kitu deui, pikeun nanjeurkeun martabat
kaménakan, para ménak miboga sarupaning hak istiméwa dina soal tatakrama;
pikeun dirina, hayang dimémén diénak-énak; sedengkeun ka manusa nu teu
samartabat, alim ngamémén, alim ngénak-ngénak, kaasup dina makéna undak-usuk
basa.

Jadi, lamun anu kasebut bieu di luhur mangrupa alesan keur Ajip pikeun
ngaleungitkeun undak-usuk basa (atawa ulah dipaliré ceuk istilah Ajip mah),
hartina undak-usuk téh idéntik jeung tatakrama kolonial-féodal. Lamun kitu
alesanana, bisa ditarima usul Ajip téh lantaran pakumbuhan urang sipatna
mémang béda ti baheula, geus robah kaayaanana; baheula mah kolonial-féodal,
ayeuna mah démokrasi Pancasila. Tapi, sanajan éta usul pamadegan bisa
ditarima masih tacan réngsé masalahna. Sababl Ajip tacan méré jawaban kana
soal ieu: naha dina masarakat démokrasi teu aya tatakrama? Lamun sakur nu
kasebut tatakrama ngan aya dina masarakat féodal baé, tangtuna gé pandangan
Ajip méncog tina kanyataan nu aya dina unggal pakumbuhan hirup manusa, sabab
silih hormat antara sasama manusa téh ditémbongkeun ku tatakrama téa. Jadi,
masalah nu sabenerna mah éta tatakrama nu asalna ti jaman kolonial-féodal
téh kudu diganti ku tatakrama démokrasi.

Dina martabat démokrasi ogé aya tatakrama pikeun némbongkeun ayana rasa
silih ajénan dina pergaulan antara sasama manusa. Sacara manusa kabéh
samartabat, tapi sacara jelema aya atribut sosial nu méré warna kana ayana
perbédaan-perbédaan. Dina lingkungan kulawarga, misalna, dibedakeun antara
kalungguhan bapa, indung, jeung anak; mitoha jeung minantu. Di sakola, guru
jeung murid. Di kantor, 'atasan-bawahan'. Di masarakat luas: antara inohong
jeung balaréana, bisa jadi kulantaran luhung élmuna, gedé wibawana, gedé
jasana, loba préstasina tina salah sahiji bidang dina kahirupan. Bisa ogé ku
ganjorna umur. Ieu sakabéhna mangrupa hubungan-hubungan sosial anu geus
ngajadi pola saperti: sepuh jeung nu misepuh, kolot jeung nu mikolot,
lanceuk jeung nu milanceuk, jst. Sakabéh hubungan-hubungan sosial ieu bakal
némbongkeun ayana tatakrama dina pergaulan hirup sapopoé antara papada
jalma. Jadi dina masarakat démokrasi ogé aya perbédaan
saluhureun-sahandapeun, atasan-bawahan, ngan ieu perbédaan lain ku lantaran
martabat manusa nu teu sarua, tapi ku lantaran ayana kalungguhan sosial
jeung peranan sosial jelema nu béda-béda. Tegesna lain ku lantaran béda
'kokocoranana' atawa 'getihna'. Ku kituna, dina démokrasi ogé aya tatakrama,
tapi tatakrama démokrasi mah lain kawas tatakrama kolonial-féodal. Aya basa
hormat dina démokrasi, tapi lain kawas basa hormatna kolonial-féodal. Aya
basa lemes dina démokrasi, tapi lain kawas basa lemesna kolonial-féodal nu
kaleuleuwihi nepi ka sakitu lungkawingna tingkatanana téh.

Sabenerna, tina hal ngadémokrasikeun basa, antara Ajip Rosidi jeung Saini
K.M. karasana teu pati béda. Ajip ngasongkeun modifikasi. Saini K.M.
ngasongkeun pangalaman sapopoéna, nu kieu cenah: "... nu nulis (Saini K.M.)
ngagunakeun basa lemes, boh dina pilihan kecap boh dina lentong. Ka tukang
nyemprot hama ... kuring ngagunakeun basa lemes tapi lentongna rada cohag,
lantaran tukang kebon téh umurna saadieun nu nulis".

Katangén di dieu sikep Saini K.M. ngeunaan tatakrama pergaulan, nu bisa
dibédakeun ti pamendak sepuh-sepuh nu masih kénéh nganggap basa lemes mah
keur ka juragan, ari basa kasar mah keur ka panyawah. Modifikasi Saini K.M.
dina tatakrama deukeut jeung modifikasi nu diusulkeun ku Ajip dina
ngabasajankeun basa lemes.

Tina sakabéh nu geus dipedar di luhur, bisa dicokot kacindekan yén
undak-usuk basa téh sabenerna soal tatakrama nu dikaitkeun jeung basa, lain
masalah basa (Sunda) pituin (basa ansich). Akibat tina robahna tatakrama
kolonial-féodal ngajadi tatakrama démokrasi, soal sopan-santun basa gé robah
deuih. Istilah undak-usuk ngandung konotasi kolonial-féodal dina pandangan
Ajip, tapi éta istilah pikeun nu méré réaksi ka Ajip sigana dirasakeun
nétral baé, malah dipabeulitkeun jeung soal tatabasa; nepi ka nimbulkeun
kesan, nempatkeun soal undak-usuk basa dina masalah struktur.

(Ieu panganteur hadéna urang tutup ku dua dénah nu ngagambarkeun tempatna
undak-usuk basa dina basa Sunda.)**--

catetan nu nyalin (dudih) :
* meunang maling sosoranganan tina buku "Polémik Undak-Usuk Basa Sunda"
pedalan Kiblat Buku Utama
** pada panganggeusan ngahaja dikurungan kulantaran dua dénah nu dimaksud ku
nu nulis can nyampak di kuring!


-- 
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke