Sumuhun Kang Willy,
Team ekonomi Pa Sby, kuatna teh kuat enyaan atawa nguat-nguatkeun maneh...,
rada hariwang oge yeuh! tapi lamun diprosentasekeun mah meureun teu sagede
naek jaman kamari. Ari jaman krisis mah pan ti 30an dollar jadi 70an dollar
per barel jadi naekna leuwih ti 100% ari ayeuna mah mah pan ti 80an jadi
100an dolar per barel kurang leuwih 25% jadi bendungan nana masih nagen
keneh. Ditambah meureun teamna rada terkendali dibandingkeun jaman Ibu
Ageung mah, sirikna mani unggal minggu naek sababna harga minyak dipatok ku
harga lelang minyak di singapur. Muga-muga kuatna lain keur nyombo rayat
dina pilpres 2009, atawa tebar pesona tea.

wassalam,


----- Original Message -----
From: "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Friday, November 02, 2007 11:39 AM
Subject: [Urang Sunda] Minyaaak ..........


> Ceuk beja, cenah harga minyak bumi ayeuna geus tepi ka 96 dollar/
> barrel. Walah kumaha atuh nya? Rada hariwang ieu teh, komo
> nyanghareupan taun hareup, meureun sagala nararaek, nu miskin beuki
> ngalobaan, padahal geus loba.
>
> Nagara urang mah, sigana teh sial wae, harga minyak bumi naek,
> buntung, harga turun, sarua wae buntung keneh. Nu untung mah nya nu
> boga minyak, siga nagara-nagara Timur Tengah, beuki baleunghar we
> sigana teh. Bagi-bagi atuh nya, saeutik mah .......
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>

Kirim email ke