Assalaamu 'alaikum ! Aya patarosan ti [email protected] saurna : "Mayar teu, kang ?" Kahatur kang AmanK Maya sareng anu kagungan patarosan sapertos kitu, sim kuring ngajamin : "Moal aya anu naroskeun karcis" Nu ngajentul di lawang panto (upami aya) nyariosna mung saukur : "Wilujeng sumping, sumangga linggih" Nanging wayahna, dina acara tembang teh susuguhna mung ukur tembang wungkul. Upami kadangu aya nu Adzan lohor, hadirin hadirat kedah sarolat, wayahna kaluar heula margi nu ngacapi, anu nyuling sareng nu tembangna oge sarolat heula. Sabada solat, memeh lebet deui ka tempat pagelaran, sumangga dihaturanan tuang-leueut heula, tong asa-asa, upami bade nambih nya nambih bae teu kedah luak-lieuk heula dan moal aya anu ngageunggeureuhkeun, kajabi upami sim kuring aya : moal henteu, pasti digorowokan tah nu garembul teh ... he heh : "Lapar ni yeh !" Kitu, sun. Hatur Nuhun Baktos, Pun Didin Kustandi
__________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

