Kekeke...kang.., ninggal dina foto-fogtona,  asa-asa wanoh sareng eta 
tempat..., raraosan mah kantos dicarioskeun ka akang, 2~3 taun kapengker...
  Upami teu lepat mah pengkolan ke eta situs, dina jalan nanjak, teras 
ngalangkungan portal 
  saparantos meuntas jambatan solokan, teras nanjak ngalangkungan jalan antawis 
kebon.
  Bras ka pilemburan, eta situs aya ditonggoheun pilemburan, handapeun 
tatangkalan.
  Leres kitu...??
   
  ssw 
   
  

MSasmita [EMAIL PROTECTED]
            Saena mah peti tina jati kolot dibulen ku aluminium supados teu 
digegelan beurit.
  Jumlah peti aya 3, hiji ageung dua deui rada alit.
  ukuranana nu ageung kinten-kinten 70x50x50 cm, nu alit kinten-kinten 60x40x40 
cm, anu tos koropok pisan mah mung hiji, tapi upami bade digentos mending 
sakantenan we tiluanana. Ari soal ukuran mah katingalna teu kedah persis sareng 
nu aya, intina kedah tiasa ngawadahan sadayana naskah kalebet parabot tea, 
janten upami langkung ageung ti ukuran eta ge teu sawios.
  Mangga, janten koordiantor ge. Insya Alloh urang jeujeuhkeun. 
  kang Tirta cik nga-sms ka abdi no hp 0817228521, no hp kang Tirta nu 
kapungkur leungit, malum hp kolot rada ririwit.
   
  Kang Hasa di KL, abdi teh moto sababaraha hiji, tapi hasilna awon pisan, 
alatanana mah rohangan padaleman teh poek pisan, nganggo blit ge teu mampuh.
  Sareng anu dibuka mung hiji naskah, hapunten foto naskah teu tiasa 
kapidangkeun, da gagal motona.
  Saleresna anu ngadigitalkeun naskah Ciburuy teh tos aya nyaeta Abah Ali 
Sastramijaya, saurna nuju dikeureuyeuh ditranskrip kana laten. Katingalna mah 
Kang Dadan nuju nyusud perkawis ieu.
  foto 28a parabot sareng naskah, 20a;21a latar luar padaleman,24a foto peti, 
26a kuncen anom nuju muka peti, 18a ti luar lebet ka area padaleman
   
  MSas
   
   


      Recent Activity
    
      18
  New Members
  
      1
  New Photos
  
      1
  New Files

Visit Your Group 
      Y! Messenger
  PC-to-PC calls
  Call your friends
  worldwide - free!

    Cat Fanatics
  on Yahoo! Groups
  Find people who are
  crazy about cats.

    Popular Y! Groups
  Is your group one?
  Check it out and
  see.



  .

 
                         


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke