Itung-itung tai lutungna mah sapertos kieu. Lima tahun masa jabatan rektor, pasti kedah konsentrasi ngamajengkeun UI janten paguron riset tingkat dunia anu diajenan ku batur. Hartosna masa jabatan presiden 2009-2013 mah bagianana para politikus anu masih gaduh pola lama (masih aya "kasimbeuhan" Orde Baru). Tiasa janten urang sabrang anu janten presiden, atanapi urang wetan. Tapi tetep kaayaan birokrasi tingkat eselon I sareng II (inti pengelola pamarentahan) masih dicepeng ku birokrat pola lama.
salami lima tahun eta, upami rektor tiasa ngawujudkeun visi sareng misi UI, aya pangaruhna kana kapercayaan masyarakat ka kalangan elmuwan. Kapercayaan di masyarakat ieu modal awal kanggo para elmuwan ngeusian deui brokrasi di pamarentahan. paling heunteu pamarentahan nu aya kedah ngagandeng paguron sabage tim "think-thank" sapertos jaman kapungkur waktos Pak harto nembean janten presiden. margi golongan elmuwan kalebet jalmi anu teu pati "sarakah" dibandingkeun sareng pejabat/birokrat ti kalangan parpol. Rektor UI tiasa janten mangku masa jabatan anu kadua kalina, tapi tiasa janten oge "kaanggo" janten menteri. Siga kamari, ditengah jalan masa jabatan dekan FISIP, dikantunkeun da bade ngahontal posisi rektor tea. waktos lima tahun ieu, wancina ngawangun jaringan sacara vertikal sareng horisontal, masa "pemanasan" sareng ngenalkeun maneh ka masyarakat luas, aya "jago" urang Sunda, anu pantes jadi jalma nomer hiji di republik ieu. Pangalaman kamari, waktos SBY janten Menko Polkam. Ceuk urang "dalem" padamel Menko Polkam, SBY aktif ngalakukeun "kampanye tersembunyi". Sering turni ka daerah-daerah. Ditambih deui, para tokoh partai Demokrat aya anu ti kalangan pers, atuh jadi alat ampuh pikeun ngenalkeun SBY ka masyarakat. Kinten-kinten kitu implengan kuring. baktos, mrachmat UIdipura taun 200--- dede mariana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang rahmat, > naon tah cenah etanganana 12 taun deui presiden > indonesia US teh? Kang Gumilar kitu calonna? he2... > naha bet kedah ngantos 12 taun? > > dmar __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

