Gendang 'perang' jeung tarompet panggugah sumanget geus disiapkeun di GBK. ceunah cek beja bakal aya anu di adu jajaten, saha atuh anu rek makalangan teh ?
Saha deui atuh lamun lain jagoan urang si Merah Putih, lawan anu bakal makalangan nyaeta tim nasionalna nagara Suriah. Duh kumaha atuhnya kapanan kuring mah jauh ka bedug, jadi moal bisa ngabobotohan langsung di GBK. Tenang we kasep, geulis da bakal disiarkeun dina tipi , mun teu salah dina TPI jam 19.30 wengi. Ohh..lamun kitu mah atuh alus, keunlah kuring sabondoroyot ngarojong ku do'a si Merah Putih kameumeut urang si meunang di pakalangan, tong eleh ku tamu anu jauh. Bravo PSSI Sing baraleg ngurus PSSI teh Mudah-mudahan bobotoh si Merah Putih demo na tong kamalinaan Kebo

