Kang Sony,

Haturan, kamana wae asa tos lami teu patarema basa? Hampura si 
kuring oge rumasa tambelar.

Ngeunaan event orginzer, nya eta mah kaparengkeun wae. Harita teh, 
basa tepung kang Dian, ngadadak boga tanaga wani nga-sms ka 
sababaraha anu kira-kira bisa nanggap kang Dian. Nya anu 
pangresponna teh Kang Ganjar, malah sapada harita inyana meredih 
sangka ditepungkeun sareng kang Dian. Bring wae si kuring duaan 
jeung kang Dian nepungan Kang Ganjar (poe salasa memehna). 

- Ngadadak teu bisa hadir 

Poe Rebona si kuring rada nambru, nyiruruk wae di imah, ka kantor 
oge suda. Poe Kemisna cageur deui saba'da kamarina ka dokter. Poe 
Kemis eta keneh, pabeubeurang, masih kontak-kontakan mastikeun ka 
sababaraha anu ditalatahan ku Kang Ganjar sangkan diulem kana acara, 
bari optimis isukna sorangan bisa ngahadiran eta acara. 

Na da eta mah dak dumadak, Kemis sore aya tugas ti kantor yen 
sorangan kudu ka Jakarta poe Juma'ah nepi ka Saptuna, kudu miluan 
rapat perencanaan program kagiatan kantor taun hareup. Hiji tugas 
anu si kuring moal bisa manggapulia bubuhan patali jeung kinerja 
sorangan di kantor. Nya atuh gura-giru ngenta dihampura ka Kang 
Ganjar sareng Kang Dian via telepon oge e-mail. Malah, surat 
penugasa kuring tugas ka Jakarta difax-keun sagala ka Kang Ganjar. 
Sanes cangcaya anjeunna teu percanteneun, dikintunkeun soteh sugan 
wae ...dibacakeun ka anu haladir (heheheh...ambon sorangan, siga 
penting wae nya).

- Neda dihapunten ka sadayana

Patali jeung acara nanggap Kang Dian oge halangan si kuring hadir 
dina waktuna, mugi sadayana ulah kirang nya ngahapunten. Teu aya 
sanes, sok bilih kirang tarapti dina sasadiaan jeung prak-prakan 
ngalaksanakeunana. Neda dihapunten oge ka sadayana anu diulem ku si 
kuring sacara khusus, jalaran dina waktuna mah geuningan teu anu 
ngulem teh kalah ka teu hadir.

- Ngahaturkeun nuhun

Dina ieu lolongkrang, teu kakantun sim kuring ngadugikeun hatur 
nuhun. Kahiji, ka Kang Ganjar anu parantos janten sohibul bet 
lumangsungna eta acara. Kaduana, ka Kang Dian anu tos ngadugikeun 
presentasi ngeunaan aksara Sunda ngambah dunya. Katiluna, ka Kusnet 
sareng rengrengan anggota milistna, teu kakantun ka Ua Sas sareng Mj 
minangka ais pangampih YP anu ngasuh Kusnet. Kumna ka sadayana wae, 
hatur nuhun ku alatan usaha jeung pang du'a ti sadayana eta acara 
anu diekspos ku sababaraha media teh tiasa kalaksanakeun kalawan 
kawilang sukses.

- Agenda pikahareupeun

Dina raraga miara basa Sunda, khususna, umumna budaya Sunda, leuwih 
umum deui: totonden budaya daerah salaku jatidiri bangsa (heuheu, 
siga khotbah pejabat atawa dosen, hapunten), aya saena upama acara 
samodel "nanggap kang Dian" teh dieuyeuban. Sanes arek niat nakol 
goong atawa resep ku direuah-reuah, balikta estuning keur 
sosialisasi yen usaha-usaha sarupa kitu teh aya keneh dikieuna.

Masyarakat umum Urang Sunda, khususna, Bangsa Indonesia umumna, 
masih keneh kitu lah, kudu tembong heula loba batur, karek aya 
sumanget mantuan, ngarojong atawa milu ancrub (wah, hampura, ebrehan 
ieu mah teu boga data keur ngarojongna, ngandelkeun rarasaan wae). 
Jeungna deui, sosialisasi mah memang perlu, keur nambahan batur, 
keur perencanaan kolektif ceuk barudak kuliahan mah.

Jejer keur ngayakeun kagiatan sawanda "nanggap Kang Dian" loba 
pisan. Boh anu geus ditembrakeun di milist atawa anu dileukeunan 
sacara individu ku anggota milist. "Nabeuh" digitalisasi pustak 
Sunda, upamana, eta hiji kagiatan anu potensial bisa lumangsung siga 
acara di Unpad ieu. Pamugi wae atuh kalaksanakeun. Amin.

baktosna,
manAR
 


--- In [email protected], "soni rosa" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Wilujeng!
> Kang Dian, kang Gandjar, kang Oman A., oge ka Everson anu 
> tos tiasa "gawe bareng" ngamumule budaya sunda (aksara 
> sunda).
> 
> Kuring oge hadir harita teh (waktu ngariung di gedong 
> rektorat unpad) tur ngarasa bagja pisan jadi urang 
> sunda.(bisa silaturahmi + dibageakeun ku cianjuran deuih 
> he..he..)
> 
> Hiji hal anu ku nanceb dina pikiran kuring "gawe bareng" 
> rohaka pisan mangfaat, pangaruh oge hasilna.
> 
> Kang Dian, sakali deui wilujeng kana karancageanana sareng 
> hatur nuhun kuring tos diangken, jadi ngiring ka"foto" 
> :-).(kang dian, kuring neda nyuhunkeun font "aksara 
> pakuan"  tea pami akang teu kaabotan, ngalangkungan 
> `surelek").
> 
> Kang Oman, kumaha damang?, hebat lah akang tos tiasa 
> janten "event organizer" antawis kang Dian + Kang Ganjar.
> 
> Kang Ganjar, wilujeng akang parantos kersa (sering 
> pisan:"bandungan", "kongres kusnet", "pentas budaya sunda 
> di perancis", "nyayagikeun waktos ngalongok HBH di kiara 
> payung, jrrd) nembrakeun ka cinta ka "sunda" ku jalaran 
> masihan  lolongkrang ka "urang sunda" kangge sami-sami 
> sabilulungan ngamekarkeun kahirupan "urang sunda".
> (pami teu lepat mah aya laguna nya "sabilulungan" teh? :-) 
> ).
> 
> Kang Everson, Well done lah and Tengkiyu!
> 
> Akang + euceu anu sanesna  Wareldan!
> 
> sonirosa
> www.bolotot.com
> 
> *urang sabilulungan yu!
> 
> 
> 
> On Sun, 11 Nov 2007 21:19:45 +0100
>   "Dian Nugraha" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Assalaamu `alaykum,
> > 
> > Hatur nuhun utamina ka Kang Ganjar anu parantos 
> >nyayogikeun wahangan kanggo
> > acara ieu sakaligus janten moderator harita. Geuning 
> >meni ramé pami nyarios,
> > nya :-). Ogé ka Kang Oman kana pangbagéana salami abdi 
> >liburan, sanaos
> > henteu ngiringan dina acara éta, namung muka jalan ka 
> >nepangkeun seueur
> > pisan inohong, diantawisna Abah Surya, Pa Undang A. 
> >Darsa, Pa Idin
> > Baidillah, kang Tedi Permana, kang Soleh, kang Soni 
> >"Bolotot", jrrd. (Apalna
> > pédah aranjeunna harita ngiringan mairan).
> > 
> > Abdi ayeuna (ti dinten rebo kamari) parantos aya di 
> >Munich deui barijeung
> > "Jetlag" kénéh :-)
> > 
> > Insya Allah pami aya lolongkrang, urang tepang deui 
> >sanés waktos. Ogé dina
> > surélék anu misah, seja dikintunkeun sababaraha liputan 
> >anu kapendak di
> > media massa, tur sababaraha catetan.
> > 
> > Baktos,
> > Dian.
> > 
> > On 31/10/2007, Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> >Assalamu 'alaikum Wr.
> > Wb.
> > 
> > Dulur-dulur, Unpad seja nanggap Kang Dian Nugraha 
> > (urang Conggeang anu nuju
> > tolab di Jerman) ,  dinten Jumaah ping 2 Nopember 2007 
> >Jam 13.30 di gedong
> > rektorat enggal Unpad. Jl. Dipati Ukur 35. kalayan jejer 
> >"Komputerisasi
> > Aksara Sunda sangkan Ngajomantara". Diaranntos pisan.
> > 
> > Wass.
> > 
> > Ganjar Kurnia.
> 
> 
=====================================================================
===================
> "Sambil berpuasa, ikuti Netkuis Ramadhan 1428 H. Menangkan Laptop, 
Ipod dan HP Nokia di akhir periode netkuis dan dapatkan Flash disk 
di tiap minggunya dengan mengikuti Netkuis di 
http://netkuis.telkom.net/";
> 
=====================================================================
===================
>


Kirim email ke