Kang Jalak Pakuan, Tah aya momen nu hade keur garapeun Kusnet Jakarta. Lain keur neangan momen keur ngumpulkeun balad-balad. Ngarah rada objektif noongna, aya naon dina eta filem teh. Jigana Kusnet Jakarta perlu nonton babarengan ngaapresiasi eta filem (lain anti boikot nya, ngarah rada bengras we noongna), terus rempugan jeung nu ngarti sajarah. Cikan jiga kumaha tah hasil padungdengana.
salam, mh On 11/13/07, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang Yayaoge baraya sadaya, > > Karek pisan liwat, 2 poe ka tukang si kuring padungdengan haneut > dina chatting conf., diantarana jeung Mh, Kang Dudi, Teh Ika, Mang > Maya, Kang Lesmana, jrr. Jejer conf. nya soal ieu yeuh "ngungkit- > ngungkit mangsa anu geus lila kaliwat" alias hayoh "ngaralieukan wae > ka tukang". > > Dina chatting conf. harita Mh ngaamanatan sangkan US enggeus lah teu > kudu nguruskeun teuing anu geus kaliwat, kaasup soal UUBS (anu > pangaruh Mataram tea oge soal ieu perang bubat). Harita si kuring > nempas anu maksudna kurang leuwih kieu: salian ti US anu diamanahan, > seler beulah wetan oge sarua wae kudu ditalatahan yen ngamasalahkeun > teuing mangsa ka tukang teh teu produktif. Kabuktian ayeuna, aya > film sarupa kitu (sabenerna ieu teh lain anu kahiji. Sababaraha > waktu ka tukang aya film ngeunaan masyarakat Cigugur, Kuningan, anu > eusina sarua wae, rada ngagerihan ka US). > > Kuring sapuk kacida jeung Kang Yaya, film sarupa anu dibentangan ku > Gus Ipul jeung Nurul Arifin ieu kaasup media pembelajaran masyarakat > anu kontraproduktif. Komo lamun enya eusi film teh lempeng-lempeng > wae alias hideung bodas teu ngandung bahan keur mikir anu leuwih > jero ngeunaan kasang tukang kajadian anu geus liwat. Pola mikir > anu "basajan" sarupa kitu teh pamustunganana mah ukur ngagiring > masyarakat kana nyieun kaputusan : si ieu nu salah, urang ditu anu > bener, jst. > > Aya naon? Aya lamun diaya-ayakeun mah sagala oge. Ceuk anu sarwa > karasa mah bisa wae ieu teh hiji gerakan keur ngaleutikkeun > (mendiskreditkan)US. Geura wae ilikan, dua kajadian akhir wae geus > tembong. Mangga waler patarosan ieu: > > - "Dimana mucunghulna Nabi palsu abad 21?" Di Bogor, di jajantungna > Pamarentahan US baheula > - "Saha anu salah lamun Indonesia balik deui jadi beulah paburencay > lir ibarat samangka dibagi lima?", US deui. Buktina? Tenjo atuh film > Gus Ipul jeung Nurul Arifin > - jst. > > Kacindekanana: "US teu pantes mimping ieu bangsa, ionohong ti US > ulah dipilih jadi Presiden bisi nyieun agama anyar anu mengpar tur > mengparkeun, bisi Nusantara paburencay deui". Kitu lain pola pikirna > anu nyieun skenario di luhur teh? Wallohu a'lam. Ah, boa eta mah > prasangka anu gede teuing rasa tinimbang akal. Boa, kitu oge. > > Aya dua pamikiran keur tindakan nyanghareupan sanu sarupa kitu. > Kahiji, sapuk jeung Kang Yaya. Kudu waer atuh aya "girah" atawa > sumanget keur neangan jeung nanjerkeun bebeneran. Kahirupan hanjakal > teu ngan ukur bodas jeung hideung. Sok sanajan US harita teu bener > sagemblengna, Majapahit ge teu bener sagemblengna. > > Komo deui lamun, sakumaha ceuk Kang Yaya, ngebrehkeun riwayat versi > anu dicekel ku US, Gajah Mada (GM) anu nyalenggorkeun paniatan Hayam > Wuruk (anu tunggal seler US keneh boga maksud hayang nyambungkeun > deui getih). Diselewengkeun jadi alat keur ngudag ambisi pribadi > jeung nganggeuskeun janji (Sumpah Palapa) anu nalingkung > kalalakianana. Apan Sumpah Palapa teh eusina, ceuk sakaol, GM moal > kawin lamun Nusantaran can ngahiji dina pamarentahan Majapahit, > sedeng ari GM teh lalaki normal. Pajajaran dianggap ngahalangan, > padahal Hayam Wuruk taat kana nasehat nu jadi Uyut/luluhur, Prabu > Darmasiksa, akina Raden Wijaya, Raja Sunda-Galuh. Jadi, nya kajadian > wae naon rupa anu geus kajadian. Anu kieu bukti US teu daek ngahiji > di Nusantara? Tega pisan euy!. > > Kadua, sapuk oge jeung kamalir pipikiranb Mh dina chatting conf. "US > ulah kabawa palid ku cai walungan caah ti golongan anu memang teu > aya niat mawa ieu bangsa ngudag kajayaanana. Pikirkeun mah ka > hareup. Tuh tingali, aya hiji oge siraru Jepang (motor) anu meunang > nyieun bangsa Urang? Tingal data pendidikan, sakitu matak melangna > kaayaan bangsa urang. Menggeus ulah nostalgia wae, ulah aku-aku > angga wae. Geura prak digarawe, keun wae anu enggeus mah enggeus da > moal bis balik deui sing nepi ka gagak buluna bodas oge". Kurang > leuwih kitu ieu kamalir pikiran anu kadua. Satuju oge, da memang > kitu kuduna. > > Jadi...? plin-plan nya atuh uing teh? ah henteu. Anu nangtang kudu > dilawanan kalawan nyantana (ksatria). Atuh mangsa ka hareup tetep > kudu dipikir jeung digawean ti ayeuna. "Ngalawan bari seuri", ceuk > eusi wangsit Prabu Siliwangi oge. Tah salah sahiji jenis seuri teh > nyaeta nyeungseurikeun film model kitu patut ku cara: "Entong > ditongtong, peupeujeuh"!. Ngaboikot? lain, tapi ngalawan bari > seuri :) > > Cag. > > baktosna, > manAR > > > --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, "yr32" > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Baraya, > > > > Gus Ipul jadi Hayam Wuruk dina film "Perang Bubat", Nurul Arifin > jadi > > prameswari Wirabumi, lamu film "Perang Bubat" tidak sesuai dengan > > versi Sunda sok komo mun seug nganyenyeri seler Sunda, seler Sunda > > kudu reaktif mun perlu boikot tah film teh.... > > > > Dina ulasan detik.com geus rada miring tah, cenah tujuan si jurig > > Gajah Mada numpes Pajajaran teh sabab Pajajaran teu daek bersatu > > ngilu jadi Nusantara, jeung tujuan Hayam Wuruk ngalamar Dyah > > Pitaloka teh cenah tujuanna mah hayang naklukeun Pajajaran, > padahal > > pan lain kitu....mangga aos didieu: > > > > > http://www.detikhot.com/index.php/tainment.read/tahun/2007/bulan/11/t > > gl/12/time/192231/idnews/851584/idkanal/229 > > > > Salam sono kasadayana, > > > > Kang Ya > > Tungtung Seoul > > > > >

