Sapuk KO oge baraya nu konf. 

Praktisna mah kumpulkeun dana keur nyitak buku Naskah P. Wangsakerta bagikeun 
gegedean ka tatar sunda kaasup garis brebes - cilacap (magelang oge!). Ke mun 
geus maraca mah moal hese madungdengkeun kumaha persisna US teh. Ari ayeuna 
ngaramekeun mah can efektif, kalah dicap "the looser" mah baku sok loba 
tingkah. Kuduna nu boga lalakon mah ti Kasepuhan & Kanoman, tapi pan 
"terlantar".

Jadi loba nu kudu ku urang ditarakahan, nu penting ayeuna mah akur, kompak.

JP


Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, November 13, 2007 8:15:22 AM
Subject: [Urang Sunda] Re: Urang Sunda kudu reaktif....mun perlu boikot tah 
film teh....omat nya....

Kang Yayaoge baraya sadaya, 

Karek pisan liwat, 2 poe ka tukang si kuring padungdengan haneut 
dina chatting conf., diantarana jeung Mh, Kang Dudi, Teh Ika, Mang 
Maya, Kang Lesmana, jrr. Jejer conf. nya soal ieu yeuh "ngungkit-
ngungkit mangsa anu geus lila kaliwat" alias hayoh "ngaralieukan wae 
ka tukang".

Dina chatting conf. harita Mh ngaamanatan sangkan US enggeus lah teu 
kudu nguruskeun teuing anu geus kaliwat, kaasup soal UUBS (anu 
pangaruh Mataram tea oge soal ieu perang bubat). Harita si kuring 
nempas anu maksudna kurang leuwih kieu: salian ti US anu diamanahan, 
seler beulah wetan oge sarua wae kudu ditalatahan yen ngamasalahkeun 
teuing mangsa ka tukang teh teu produktif. Kabuktian ayeuna, aya 
film sarupa kitu (sabenerna ieu teh lain anu kahiji. Sababaraha 
waktu ka tukang aya film ngeunaan masyarakat Cigugur, Kuningan, anu 
eusina sarua wae, rada ngagerihan ka US).

Kuring sapuk kacida jeung Kang Yaya, film sarupa anu dibentangan ku 
Gus Ipul jeung Nurul Arifin ieu kaasup media pembelajaran masyarakat 
anu kontraproduktif. Komo lamun enya eusi film teh lempeng-lempeng 
wae alias hideung bodas teu ngandung bahan keur mikir anu leuwih 
jero ngeunaan kasang tukang kajadian anu geus liwat. Pola mikir 
anu "basajan" sarupa kitu teh pamustunganana mah ukur ngagiring 
masyarakat kana nyieun kaputusan : si ieu nu salah, urang ditu anu 
bener, jst.

Aya naon? Aya lamun diaya-ayakeun mah sagala oge. Ceuk anu sarwa 
karasa mah bisa wae ieu teh hiji gerakan keur ngaleutikkeun 
(mendiskreditkan) US. Geura wae ilikan, dua kajadian akhir wae geus 
tembong. Mangga waler patarosan ieu:

- "Dimana mucunghulna Nabi palsu abad 21?" Di Bogor, di jajantungna 
Pamarentahan US baheula
- "Saha anu salah lamun Indonesia balik deui jadi beulah paburencay 
lir ibarat samangka dibagi lima?", US deui. Buktina? Tenjo atuh film 
Gus Ipul jeung Nurul Arifin
- jst.

Kacindekanana: "US teu pantes mimping ieu bangsa, ionohong ti US 
ulah dipilih jadi Presiden bisi nyieun agama anyar anu mengpar tur 
mengparkeun, bisi Nusantara paburencay deui". Kitu lain pola pikirna 
anu nyieun skenario di luhur teh? Wallohu a'lam. Ah, boa eta mah 
prasangka anu gede teuing rasa tinimbang akal. Boa, kitu oge.

Aya dua pamikiran keur tindakan nyanghareupan sanu sarupa kitu. 
Kahiji, sapuk jeung Kang Yaya. Kudu waer atuh aya "girah" atawa 
sumanget keur neangan jeung nanjerkeun bebeneran. Kahirupan hanjakal 
teu ngan ukur bodas jeung hideung. Sok sanajan US harita teu bener 
sagemblengna, Majapahit ge teu bener sagemblengna. 

Komo deui lamun, sakumaha ceuk Kang Yaya, ngebrehkeun riwayat versi 
anu dicekel ku US, Gajah Mada (GM) anu nyalenggorkeun paniatan Hayam 
Wuruk (anu tunggal seler US keneh boga maksud hayang nyambungkeun 
deui getih). Diselewengkeun jadi alat keur ngudag ambisi pribadi 
jeung nganggeuskeun janji (Sumpah Palapa) anu nalingkung 
kalalakianana. Apan Sumpah Palapa teh eusina, ceuk sakaol, GM moal 
kawin lamun Nusantaran can ngahiji dina pamarentahan Majapahit, 
sedeng ari GM teh lalaki normal. Pajajaran dianggap ngahalangan, 
padahal Hayam Wuruk taat kana nasehat nu jadi Uyut/luluhur, Prabu 
Darmasiksa, akina Raden Wijaya, Raja Sunda-Galuh. Jadi, nya kajadian 
wae naon rupa anu geus kajadian. Anu kieu bukti US teu daek ngahiji 
di Nusantara? Tega pisan euy!.

Kadua, sapuk oge jeung kamalir pipikiranb Mh dina chatting conf. "US 
ulah kabawa palid ku cai walungan caah ti golongan anu memang teu 
aya niat mawa ieu bangsa ngudag kajayaanana. Pikirkeun mah ka 
hareup. Tuh tingali, aya hiji oge siraru Jepang (motor) anu meunang 
nyieun bangsa Urang? Tingal data pendidikan, sakitu matak melangna 
kaayaan bangsa urang. Menggeus ulah nostalgia wae, ulah aku-aku 
angga wae. Geura prak digarawe, keun wae anu enggeus mah enggeus da 
moal bis balik deui sing nepi ka gagak buluna bodas oge". Kurang 
leuwih kitu ieu kamalir pikiran anu kadua. Satuju oge, da memang 
kitu kuduna.

Jadi...? plin-plan nya atuh uing teh? ah henteu. Anu nangtang kudu 
dilawanan kalawan nyantana (ksatria). Atuh mangsa ka hareup tetep 
kudu dipikir jeung digawean ti ayeuna. "Ngalawan bari seuri", ceuk 
eusi wangsit Prabu Siliwangi oge. Tah salah sahiji jenis seuri teh 
nyaeta nyeungseurikeun film model kitu patut ku cara: "Entong 
ditongtong, peupeujeuh"! . Ngaboikot? lain, tapi ngalawan bari 
seuri :)

Cag.

baktosna,
manAR


--- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, "yr32" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Baraya,
> 
> Gus Ipul jadi Hayam Wuruk dina film "Perang Bubat", Nurul Arifin 
jadi
> prameswari Wirabumi, lamu film "Perang Bubat" tidak sesuai dengan
> versi Sunda sok komo mun seug nganyenyeri seler Sunda, seler Sunda
> kudu reaktif mun perlu boikot tah film teh....
> 
> Dina ulasan detik.com geus rada miring tah, cenah tujuan si jurig
> Gajah Mada numpes Pajajaran teh sabab Pajajaran teu daek bersatu 
> ngilu jadi Nusantara, jeung tujuan Hayam Wuruk ngalamar Dyah 
> Pitaloka teh cenah tujuanna mah hayang naklukeun Pajajaran, 
padahal 
> pan lain kitu....mangga aos didieu:
> 
> 
http://www.detikhot .com/index. php/tainment. read/tahun/ 2007/bulan/ 11/t
> gl/12/time/192231/ idnews/851584/ idkanal/229
> 
> Salam sono kasadayana,
> 
> Kang Ya
> Tungtung Seoul
>





      
____________________________________________________________________________________
Be a better pen pal. 
Text or chat with friends inside Yahoo! Mail. See how.  
http://overview.mail.yahoo.com/

Kirim email ke