Ari Abdi mah salahsahiji penikmat Eyang Google....
jigana mah moal berpindah ke lain hati......Seueur pisan Eyang Google ngabaktosan kana padamelan Abdi....

Husna Kusnandar
[EMAIL PROTECTED]



On Nov 14, 2007, at 9:46 AM, :: boedax angon :: wrote:


[EMAIL PROTECTED]
Sabengbatan Nga-Branding dinu Web-log

Kiwari urang kungsi ngareungeu istilah “Social Networking” atawa ceuk basa urang na mah jejaring sosial tea. Pasti loba anu nyaho contona samodel Friendster, Hi5, Facebook, Multiply, Youtube, MySpace, jrrd. Ieu teh hiji kamajuan teknologi di widang Internet anu bisa disebut oge WEB 2.0.

Tapi saha nu nyaho, diwidang jejaring sosial ieu oge aya parsaingan nu matak sengit antara Google jeung Microsoft. Sok komo ceuk beja mah kiwari si Microsoft geus meuli licensed Facebook nu teknologina geus make Ajax jeung Jquery, tapi keur Google nu mana ka koncara di widang Search Engine moal daek ngeleh kitu wae. Kiwari Google geus nyieun hiji istilah keur jejaring sosial teh nu diaranan Open Sosial, nu edas na teh Google geus ngarangkul Friendster, Youtube, jeung MySpace keur proyek manehna.

Kaluar ti pamasalahan ngeunaan Google vs Microsoft, urang ge kungsi ngasaan ngeunaan jejaring sosial, sok komo nu kukulamprengan di dunia maya mah pasti geus wawuh nu ngaranan Blog mah, boh di Blogspot, atanapon Wordpress. Mun ningali ti istilah Blog teh, ceuk cenah mah asli na teh tinu Web Log. Atawa ceuk basa nu gampang na mah Web anu aya Log atawa ceuk tukang nganalisa web teh nu ngaranna Kang Steven Streight teh nu unina kieu :

“hiji landasan keur komunikasi, konektivitas, jeung interkasi nu mana nu makena teu perlu miboga kaahlian HTML keur cepet jeung bisa ngawawarkeun isina web keur halayak umum. Atawa ceuk basa pendekna mah blog teh situs web anu ipis”

Sajarah ayana blog ieu teh dimimitian na mah keur munggaran ayana internet, malihan mah web nu mimitain teh dijieunna kawas Blog, nu dijieun ku Kang Tim Berners jeung Kang Lee.

Blog teh salah sahiji media keur babagi pangalaman antarabloggers. Sabenerna mah kauntungan na ngablog teh bisa ditingali di hiji tempat urang bisa keur buku harian atawa diary tea, atanapon keur alat komunikasi.

Dina hiji kasus salian Blog bisa manfaatna keur dua samodel di luhur, blog oge bisa jadi keur media marketing. Dimana hiji pausahaan oge bisa ngapromosikeun produkna ngalewatan blog.

Media ieu bisa jadi leuwih murah jeung terarah, sok komo panan dinu blog mah mun urang ngalungkeun hiji produk atawa ide ilaharna mah sok aya nu mairan ngeunaan postingan urang. Tah dibeulah dieu urang bisa ningali pangsa pasar jeung da biasana mah nu merekomentar teh sok aya nu ngiritik sok komo deui aya nu mere saran. Antukna urang bisa nganalisis deui ngeunaan produk urang teh.

Biasana sacara umum teh nu sok macaan atawa ngomentaranblog urang teh bisa aya babaraha golongan : samodel palanggan satia (evangelists), palanggan tétép, palanggan nu satengah-satengah, palanggan nu kapaksa, jeung palanggan nu sabotase.

Tah tinu palanggan-palanggan kawas diluhur teh dumasar pangalamanna ka pausahaan urang. Kukituna urang kudu nyaho rehna tiap palanggan teh tara neangkeun aleusan ku reuseup atawa hanteu na, tapi dumasar kanu pangalaman positif servis ti pausaahan urang ka manehna.

Samodel hiji Branding teh ngaruh pisan ka palanggan teh lain pedah kanu ukuranna. Samodel hiji pausaahan Komputer “Apple” , nu mana sakanyaho mah jumlah nu make komputer ieu rada jarang di urang tapi anggeur weh Brand na Apple teh hiji pausaahan nu kakoncara di dunia tinu teknologina. Conto-conto nu lianna kawas Mobil BMW jeung Mercedes, atanapon Starbucks.

Tah ayeuna pakuat-pakait Blog jeung widang usaha urang teh kumaha cenah, ceuk beja mah hiji blog teh kudu boga Branding anu alus jeung deui ulah poho isi atawa content- na teh kudu di update teu paduli blog nu haratis-an atawa nu meuli. Mun nyieun atawa munggaran muka blog laju urang ngeusi content na loba cara meh para Blogger Walkernyahoan Blog urang teh.

Hiji cara nu gampang keur promosi nu kawilang cepetmah ngaliwatan Chating, sok komo mun urang loba ngaadd babaturan urang mah tinggal make status na di link keun langsung ka blog urang. Cara nu lian-na urang balikeun deui, urang kudu jadi Blog Walker laju bacaan blog- blog nu mana aya pakuat-pakait na atawa nu matak urang interestlaju weh urang mere komentar di blog maranehna.

Cara katilu, biasana mun urang loba babaturan nu make blog urang menta blog urang di asupkeun kanu link-link atawa tautan nu aya di Blog babaturan urang nu diarananan Blogroll tea. Tah bisa oge blog urang cenah kumaha mun hayang di Kang Google teh bisa asup ka sapuluh besar. Carana mah gampang pisan, urang kudu rajin mosting di komunitas-komunitas nu gedesamodel digg, teknorati, atawa ngaliwatan milist, tah didieu oge urang kudu rada nyaho heula élmu ngeunaan SEO.

Bisa oge mun urang aya modal mah, ngaiklankeun blog pausaahn urang ngaliwatan Google nu diaraanan Google Addwords tea. Jadi linkblog urang bakal mucunghul di belah tengen hasil paneangan google. Tapi sok kade aya modus kajahatan nu diaranan klik tea nu mana kungsi kareundeupan ku hiji pausaahaan nu diaraanan Financial Marketsnu dipupuhuan Samuel Baruki Cohen.

Tah ku kituna naha urang geus jadi blooger kawas nu kungsi aya hiji kagiatan tempat kumpulna para blogger tea, nu mana basa eta teh loba nu daratang blogger ka Jakarta, aya oge nu jadi Pembicara na teh Pa Nukman , NdoroKakung jrrd. Ari ka Pa Nukman mah apal, da blog na nu kawentar tea (http://virtual.co.id/blog).

Sok atuh urang ngabiasakeun kutrat-kotret ngunaan kagiatan urang sapope atawa pagawean urang, meh urang bisa share atawa neangan paragi jampe pamake jeung élmu pangaweruh, sugan weh ngaliwatan blog teh urang bisa ngaluarkeun ide-ide dumasar kanu kabisa urang.


Cag Ach
November 13, 2007 . Kostan na Dudi
Yayan Mulyana






Yahoo! Answers - Get better answers from someone who knows. Try it now.



Kirim email ke