Haturan Kang Oman ......
Ngelokkan kanu janten conto nu kadua dihandap, prinsipna leres pisan warga ti 
luar Bali teh teu samanea tiasa linggih tur muka kipayah di Bali, sadayana oge 
aya aturanana. Dina perkawis kependudukan, nya pami bade linggih tur muka 
kipayah kedah kangungan heula KTP di Bali, kacuali mung sakadar nanam modal 
wungkul, tapi anu bergerakna mah angger wae kedah atas nami nu dumuk KTP di 
Bali.

Salajengna perkawis ngalestarikeun budaya, nu salah sahijina Situs Candi 
Batujaya ... ieu mah mung kanggo masihan gambaran anu dijalankeun di Bali, nya 
eta .... di dieu mah aya istilah AJEG BALI. Tah sagala rupi sikep tur laku anu 
dijalankeun teh kedah nganggo aturan ajeg bali eta.
Maksadna AJEG BALI teh nya eta mangrupikeun eksistensi Bali, anu mana warga 
Bali (Bali lan non Bali) kedah tiasa kanggo ngajaga supados Bali tetep eksis. 
Nu pasti pisan kedah ngupayakeun ngalestarikeun unsur-unsur Bali eta nyalira, 
nu antawisna ekonomi, pariwisata, sosial lan budaya, kaamanan, jrrd.

Mangga nyanggakeun ... hatur nuhun,
wass
gl

-----------------------------------------

Dari: Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
Terkirim: Rabu, 14 November, 2007 11:13:48



Aya alusna lamun nyieun kagiatan dina raraga "wanda politik" ieu. 
Upamana, ngusulkeun ka Pemda Jabar supaya aya sarupa "fit and proper 
test" anu salah sahijina pangaweruh jeung kasadaran kana 
nyalindungan budaya US. Lamun anu teu lulus eta test, wayahna teu 
meunang ngiluan jadi calon gubernur atawa calon anggota dprd.

Usul anu kadua, ngeunaan kependudukan. MAsing kalah kumaha oge, 
penduduk tetep nyekel pancen penting dina politik. Jeung deui daerah 
sejen mah geus mraktekeun hal ieu. Contona di Bali. Anu lain 
penduduk Bali teu bisa samanea cicing jeung usaha di wilayah Bali. 
Aya aturanana. 

cag.

manAR
Sun Rawayan Raksaning Gusti.
 



      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke