Kecap Litsus kungsi populer, baheula keur jaman Orde Baru. Pangpangna mah keur PNS jeung pagawe BUMN atawa nu hayang digawe jadi PNS/ Pagawe BUMN. Nu hayang digawe jadi PNS kudu "bersih lingkungan", nya diayakeun Panalungtikan husus (peneLITian khuSUS), carana ditanya sacara tulisan jeung lisan. Aya satumpuk pertanyaan nu kudu dijawab, kaasup riwayat hirup lengkep jeung Indung, bapa, Lanceuk, adi, Ua, Emang, Aki, nini, pamajikan, mitoha ......pokona lengep. Terus pananya-pananya sejen nu sakapeung hese dijawab. Geus ngeusian eta ditambahan deuih wawancara. Pokona memang waktuna bisa sapoe jeput atawa kadangkala tepi ka dua poe.
Kuring ngalaman dilitsus di awal taun 1980an, basa rek asup kahiji BUMN. Duka lulus henteuna mah dina litsus teh, nu jelas kuring teu ditarima digawe ...hehehe, duka pedah bodo, duka kulantaran teu lulus litsus. Da teu dibejakeun kunaon pangna teu ditarima. Litsus oge, di hiji BUMN, lain wae keur pagawena, tapi oge keur para pagawe kontraktor/ rekanan eta BUMN. Tah kuring oge ngalaman di Litsus kitu, waktu kuring harita ngagawekeun hiji pagawean di hiji BUMN. Nu ngalitsus bagian security (=satpam?) eta BUMN. Lumayan meakkeun waktu, sapoe jeput. Untungna teh sorena langsung meunang kartu "pass digawe". Kartu "pass" gancang kaluar, cenah kulantaran harita kuring make bandera paguron luhur di Bandung. Da ari swasta murni mah bisa saminggu nungguan saperti nu kaalaman ku batur kuring, nu saminggu huleng-jentul nungguan kaluar eta kartu. Padahal batur kuring teh digawena ukur sajam ( ngetest taneuh). Nya umpama nungguan saminggu di lembur sorangan mah henteu masalah, da ieu mah di lembur batur jeung di luar Jawa deuih. Umumna litsus ngaleungit, bareng jeung Soeharto Lengser. Di taun 1999, kuring meunang deui pagawean ti BUMN nu baheula litsusna beurat pisan. Waktu rek indit mah, geus haroream, pasti di litsus deui. Ari pek teh henteu, ukur nyodorkeun KTP, kartu pas langsung kaluar jeung dibejaan soal "Safety" dina pagawean weh. Harita Presidenna Gus Dur ... Lima taun ti harita (2004), kuring diajak deui ngagawekeun pagawean di BUMN eta deui. Presiden geus ganti, nyaeta Bu Mega. Tenang ayeuna mah, da pikiran teh moal di litsus deui siga jaman Gus Dur baheula. Eh .....salah sangka, nu samodel litsus teh dilakukeun deui, sanajan teu sabeurat siga nu baheula, tapi angger ditanya saha ari Indung, Bapa, Nini, Aki, oom, tante, Aa, Teteh ditambahan mitoha mah. Angger dicokot sidik jari: kenca katuhu tepi ka ramo teh ramiping ku mangsi ..... Tah ayeuna kuring meunang deui pagawean ti BUMN nu beda, tapi widangna sarua Migas, lokasina sarua di luar Jawa. Waktu mimiti asup ka lokasi eta BUMN, kuring make kartu "VISITOR" ditambahan helm nu ditulisan VISITOR. Ari sugan teh, cukup ku kitu, teu perlu di Litsus deui. Eh .... salah sangka deui, da geuning kudu, mangkaning kuring geus ngabringkeun jelema ti Bandung aya salapan urangna. Kuring saparakanca disewa pausahaan, lain make bandera paguron luhur, nu sigana mah aya dispensasi keur paguron luhur mah. Atuh ....... kuring sabalad-balad jadi "hardolin" saminggu nungguan eta kartu pass digawe kaluar. Jadina teh unggal poe, leungeun kuring pakepuk jeung kalkulator, ngitung biaya salapan jelema nu jadi "turis" teu kahaja. Batur kuring nu celembeng jeung sok ngacapruk, kukulutus: "Naon maksudna eta para satpam, nanyakeun indung,bapa, oom, tante, Aa, Teteh tepi ka nanyakeun simpatisan partey naon. Pan ari ukur keur alesan safety jeung security mah cukup KTPna we dicatet jeung dibejaan hal-hal ngeunaan digawe safety?" Ceuk kuring teh: " Hih mending diperhese, ngarah kaciri loba gawe!" [Pangapunten kanu didamel di BUMN, komo nu dibagian securityna mah] Baktos, WALUYA

