Aeh hatur nuhun Kang Bo ...... meni asa teu wasa nyebat e.... nyerat Kebo teh 
ah.... Alhamdulillah pangesto mugi dugi ka pageto. 
Sami wae Kang, ari hujan mah - nuju ngijih di dieu oge, mung ari guludug mah 
rada kirang yeuh ... karunyaeun sigana bising ngagarewahkeun anu naruju 
"babanten". 
Mung nya eta Kang perkaiwis "sumur" mah.... ari nuju ngijih mah awis-awis 
geuningan....., tah justeru upami nuju halodo nembe ......... Mangga tah bilih 
ki sobat bade ngabaktos mah, di pasisir da pabalatak ....... 

Muhun sih .... harita oge aya nu ngaharewosna yen ki sobat teh rada teu raos 
body sawangsulna ngarandaan eh ... ngaronda .... naha ari tos sonten mah kieu 
geuning, nya...... he... he... he... Mugi-mugi sing enggal damang atuh .....

haturan,
gl
-------------------

Dari: Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]>
Terkirim: Kamis, 15 November, 2007 4:17:07

 
Emut ka Kang GL sok emut kana lagu slank, anu unina kieu "Trima kasih baliku..."
 
Kumaha damang juragan? ah jigana cekas we nya di Bali mah, da loba tongtonan  
heuheuheu
 
Kang GL, dupi di Bali nuju usum hujan? kumaha sok aya guludug sapertos di Tasik?
 
Perkawis Kang Bolot, kaleresan anjeuna nuju teu raraos body ceunah, janten 
ngaringkeb we di enggon, jigana seubeuh teuing ngaronda.
 
Anjeuna titip saur, ceunah upami teu kaabotan pangmersihankeun sumur anu 
pabalatax di pantey.
 
Ari kitu di pantey aya sumur nya kang?  teu ngarti kuring mah, meureun asin 
caina nya?
 
baktos
Kebo. 



      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke