Baraya,

Aya nu aheng dina spanduk salah saurang anu rek nyalonkeun maneh 
jadi gubernur Jabar periode 2009-2014. Nyaeta, sisi katuhu sanggeus 
di tengah ngajeglag foto/gambar nu nyalonkeun, na bet aya lambang 
Israel ("Is...") atawa Zionis. Etalah, meh ampir sakabehna warga ieu 
milist arapal, siga kumaha ari lambang Israel teh. Lamun dina 
bandera nagara Israel mah anu ditengah tea, dua pasang bukit zion 
(tiap pasang ka luhur jeung ka handap, simetris patengkep) ngawangun 
juru dalapan tea. 

Eta spanduk kapanggih di parapatan Binong, Kiara Condong (Kircon)-
Gatsu, Bandung, kamari isuk-isuk. Sigana teu saeutik spanduk anu 
sarua jiga kitu, promosi ti salah saurang calon gubernur Jabar 
periode anu bakal datang. Upamana di parapatan Pasteur ge tembong 
hiji. Tapi, anu katembong lengkep jeung lambang Israel-na mah karek 
anu di parapatan Binong, Kircon. Sok sanajan kitu, sigana anu 
kapireungeuh di parapatan Pasteus jeung nu lianna oge sarua. Sabab 
ari barang model spanduk mah sok sacitakan. 

Patali jeung poster ti salah saurang anu hayang nyalonkeun gubernur 
Jabar anu kapanggih di parapatan Binong, Kircon, si kuring panasaran 
bisi salah tenjo, ma'lum sareretan katempo tina mobil nu keur liwat. 
Sapada harita nelepon babaturan, wartawan salah sahiji media citak 
di Bandung. Enya. cenah, eta anu nyalonkeun gubernur teh keur jadi 
masalah ayeuna-ayeuna ieu, loba pada ngomomgkeun kaasup dina 
internet kulantaran tindakanana masang iklan promosi acan dina 
waktuna jeung eta, dina spanduk promosina, bet make lambang anu kitu 
patut.

Anu nyalonkeun gubernur Jabar periode 2009-2014 ieu, anu dina 
spanduk promosina aya lambang Israel tea, kabeneran aranna the make 
marga "Hutabarat". Tangtuna oge sakabeh US apal, ngaran anu make 
marga kitu mah aslina lain ti US. Minimal aslina mah lain US, sok 
sanajan, upamana, kabuktian geus nyunda pisan (nepi ka wani 
nyalonkeun jadi gubernur Jabar). .

Nempo spanduk model kitu,   hate noroweco: aya ku wanian eta jelema. 
Wanian ku hiji dua hal. Wanian anu ngaharib kana teu gableg 
kapeundeul alias teu boga ka era.

Teu boga kaera kahiji, eta, anu rek nyalonkeun jadi gubernur teh 
siga teu apal kana lambang bandera Israel. Siga anu teu 
berpendidikan. Na bet dadaekanan masang gambar sorangan bari jeung 
dipaesan ku lambang nagara anu nagara Urang teu ngayakeun hubungan 
diplomatik jeung eta nagara. Hiji nagara anu umumna dimusuhan ku 
ummat Islam. Aya naon ieu teh? Rek nyieun pucuk ti girang?

Teu boga era anu kadua, kukulunuan nyalonkeun maneh jadi gubernur 
Jabar. Aeh, tapi ieu mah pan alam demokrasi tea nya? Saha wae jeung 
keur propinsi mana wae meunang nyalonkeun gubernur. Perkara teu aya 
nu milih, eta mah urusan kadua. Diralat atuh teu boga era anu kadua 
mah, bisi aya anu nyintreuk. Ngan, ceuk beja, can waktuna cenah 
mangsa ayeuna masang spanduk iklan nyalonkeun gubernur, iklan supaya 
dipilih jadi gubernur. Jadi, inyana kaasup nyolong "start" tea. 
Upama bener, Kang Hutabarat ieu nyolong "start", nya luyu atuh 
cap "teu boga kaera" teh.

Saterusna...,  

Sakumaha dina spanduk eta calon, disebutkeun yen inyana teh calon ti 
dpd Golkar, Jabar. Tah, tumali jeung hal eta, asa ku teungteuingeun 
ka Golkar Jabar. Asa kakurangan pisan pangaweruh kana situasi budaya 
masyarakat Jabar, Golkar Jabar teh. Piraku atuh Golkar Jabar teu 
apal, yen sabagean gede masyarakat Jabar teh diwangun ku masyarakat 
urang Sunda asli dina harti boh getih, boh kependudukan oge budayana 
nya budaya Jawa Barat.  

Piraku teu engeuh, yen ngamucunghulkeun calon gubernur Jabar ti 
seler sejen (minimal tina katurunan jeung ngaran) kana bari 
ngagerihan ka mayoritas urang Jabar? Sok sanajan upamana, eta bakal 
calon teh geus nyunda pisan kulantaran lahir jeung gede di Jabar, 
tapi, geus ngarupakeun alamiahna sifat masyarakat, asana keur 
tingkatan gubernur mah – minangka pamimpin utama masyarakat – kudu 
ku putera asli daerah. Naha teu aya pisan kader di Golkar Jabar? 
Atawa memang, Golkar Jabar teh "Golkar di Jabar" tapi lain "Golkar 
keur Jabar"?  Ana kitu, rek kamana (quo vadis) atuh Golkar Jabar teh?

Baraya, mungkin nalika maca ieu posting aya sababaraha warga milist 
anu protes atawa nuduh si kuring porimordial. Tapi, jujur wae, si 
kuring mah nepikeun naon anu jadi kamelang lamun gubernur Jabar ka 
hareup dijabat ku katurunan seler sejen. Asa teungteuingeun pisan, 
Jabar teh nepi ka teu boga warga US anu pantes jadi gubernur.

Baraya, mangga perkara di luhur lenyepaneun urang sadaya.

baktos,
manAR


Kirim email ke