Nuhun kang Bohay...eh kang Reka, 

Rada "clear" ayeuna mah. Sok sanajan, ningali kana eusining spanduk 
anu ngadorong si kuring japri mimiti jejer "Jawa Barat - Hutabarat" 
ieu, nya tetep kacutat (tersurat) yen inyana teh calon gubernur ti 
partai golkar. 

Saterusna, perkara lambang tea? Tiasa dpd golkar ngajelaskeun? Atawa 
eta mah urusan bang Hutabarat?

manAR

 


--- In [email protected], "reka gayantika" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Ieu mah sakedik ngajelaskeun anu abdi terang, anjeunna teh 
si "Hutabarat"
> teh nyaeta lain Calon Gubernur ti Partai Golkar, mung ayeuna 
apanan Partai
> Golkar (PG) DPD Jawa Barat teh caritana keur ngadamel acara 
konvensi
> penjaringan bakal calon Gubernur anu bakal diusung ku PG Jabar. 
tah, si
> "Hutabarat" ieu teh nyaeta salah sahiji peserta konvensi eta, 
anjeunna teh
> pagawean sapopoena mah Pengacara. Tah, Konvensi PG Jabar teh 
ngabuka jang
> saha wae anu arek ngadaftarkeun diri ngiringan ieu Konvensi, teu 
dibatasan
> ku nanaon. malah anu orang luar PG Jabar oge meunang ngiluan, 
termasuk si
> "Hutabarat" ieu, manehna teh lain pengurus di PG teh, ngan memang 
manehna
> aktivis di Pemuda Pancasila. tah, ari aya urang batak anu rek 
nyalonkeun
> dina konvensi ieu mah, ieu mah salah sahiji konsekuensi logis ti 
dibukana
> keran demokrasi di nagara urang. Ngan ayeuna mah pemilih oge kudu 
pinter,
> yen nu kitu mah tong dipilih. hehehehe....
> Numutkeun kana media mah, ayeuna nu nuju rame di PG jawa Barat teh 
tos mulai
> mengkerucut ka 3 nami, nyaeta Kang Danny Setiawan (incumbent), 
Kang UU
> Rukmana (ketua DPD PG Jabar), Kang (mas) Yance (Bupati 
Indramayu) , tah kang
> mas Yance mah nyalonkeun jadi Wagubna.
> antosan weh, mana engke anu pasti bakal diusung ku PG.
> ngan amun ceuk ramalan kuring, di Jawa Barat bakalan leuwih rame 
tibatan ti
> Jakarta, calonna bakal leuwih ti 2. jigana mah aya tiluan,,, 
meureun ieu
> oge. nyaeta:
> 1. Kang Danny (Golkar)
> 2. Kang Agum (PDIP)
> 3. Kang Nu'man (PPP)
> 4. ...... urang kusnet bade aya nu nyalonkeun??? hihihihi...
> 
> teras kumaha cenah sora PKS? jigana di Jawa Barat mah moal waka 
wani
> sosoranganan jiga di DKI, ceuk meureun, PKS mah ayeuna keur 
nungguan
> pasangan anu bakal di dukung. ngan ceuk ramalan Abah Jebrod ti 
Holis mah,
> jigana PKS bakalan ngadukung Kang Danny, tapi eta oge mun 
pasanganna Kang
> (mas) Yance. tapi amun engke Kang Danny pasanganna lain Yance, 
jigana sora
> PKS bakal kabur.
> 
> Meureunan ketang eta mah prediksi2 teh, da geuningan Politik mah 
bisa rubah2
> wae dina itungan detik oge. hehehe...
> 
> Walaahh... uing nulis jiga pengamat pulitik euy... heuheuheu... 
Ieu teh bati
> nganggur euweuh gawe euy, jadi weh macaan koran, sautak saeutik 
narik
> kasimpulan. hihihihi... Cag ah...
> 
> 
> -Bohay-
> Pengamat Pulitik Cap Kadal Buntung ;p
> 
> 2007/11/16, Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>:
> >
> >   Baraya,
> >
> > Aya nu aheng dina spanduk salah saurang anu rek nyalonkeun maneh
> > jadi gubernur Jabar periode 2009-2014. Nyaeta, sisi katuhu 
sanggeus
> > di tengah ngajeglag foto/gambar nu nyalonkeun, na bet aya lambang
> > Israel ("Is...") atawa Zionis. Etalah, meh ampir sakabehna warga 
ieu
> > milist arapal, siga kumaha ari lambang Israel teh. Lamun dina
> > bandera nagara Israel mah anu ditengah tea, dua pasang bukit zion
> > (tiap pasang ka luhur jeung ka handap, simetris patengkep) 
ngawangun
> > juru dalapan tea.
> >
> > Eta spanduk kapanggih di parapatan Binong, Kiara Condong 
(Kircon)-
> > Gatsu, Bandung, kamari isuk-isuk. Sigana teu saeutik spanduk anu
> > sarua jiga kitu, promosi ti salah saurang calon gubernur Jabar
> > periode anu bakal datang. Upamana di parapatan Pasteur ge tembong
> > hiji. Tapi, anu katembong lengkep jeung lambang Israel-na mah 
karek
> > anu di parapatan Binong, Kircon. Sok sanajan kitu, sigana anu
> > kapireungeuh di parapatan Pasteus jeung nu lianna oge sarua. 
Sabab
> > ari barang model spanduk mah sok sacitakan.
> >
> > Patali jeung poster ti salah saurang anu hayang nyalonkeun 
gubernur
> > Jabar anu kapanggih di parapatan Binong, Kircon, si kuring 
panasaran
> > bisi salah tenjo, ma'lum sareretan katempo tina mobil nu keur 
liwat.
> > Sapada harita nelepon babaturan, wartawan salah sahiji media 
citak
> > di Bandung. Enya. cenah, eta anu nyalonkeun gubernur teh keur 
jadi
> > masalah ayeuna-ayeuna ieu, loba pada ngomomgkeun kaasup dina
> > internet kulantaran tindakanana masang iklan promosi acan dina
> > waktuna jeung eta, dina spanduk promosina, bet make lambang anu 
kitu
> > patut.
> >
> > Anu nyalonkeun gubernur Jabar periode 2009-2014 ieu, anu dina
> > spanduk promosina aya lambang Israel tea, kabeneran aranna the 
make
> > marga "Hutabarat". Tangtuna oge sakabeh US apal, ngaran anu make
> > marga kitu mah aslina lain ti US. Minimal aslina mah lain US, sok
> > sanajan, upamana, kabuktian geus nyunda pisan (nepi ka wani
> > nyalonkeun jadi gubernur Jabar). .
> >
> > Nempo spanduk model kitu, hate noroweco: aya ku wanian eta 
jelema.
> > Wanian ku hiji dua hal. Wanian anu ngaharib kana teu gableg
> > kapeundeul alias teu boga ka era.
> >
> > Teu boga kaera kahiji, eta, anu rek nyalonkeun jadi gubernur teh
> > siga teu apal kana lambang bandera Israel. Siga anu teu
> > berpendidikan. Na bet dadaekanan masang gambar sorangan bari 
jeung
> > dipaesan ku lambang nagara anu nagara Urang teu ngayakeun 
hubungan
> > diplomatik jeung eta nagara. Hiji nagara anu umumna dimusuhan ku
> > ummat Islam. Aya naon ieu teh? Rek nyieun pucuk ti girang?
> >
> > Teu boga era anu kadua, kukulunuan nyalonkeun maneh jadi gubernur
> > Jabar. Aeh, tapi ieu mah pan alam demokrasi tea nya? Saha wae 
jeung
> > keur propinsi mana wae meunang nyalonkeun gubernur. Perkara teu 
aya
> > nu milih, eta mah urusan kadua. Diralat atuh teu boga era anu 
kadua
> > mah, bisi aya anu nyintreuk. Ngan, ceuk beja, can waktuna cenah
> > mangsa ayeuna masang spanduk iklan nyalonkeun gubernur, iklan 
supaya
> > dipilih jadi gubernur. Jadi, inyana kaasup nyolong "start" tea.
> > Upama bener, Kang Hutabarat ieu nyolong "start", nya luyu atuh
> > cap "teu boga kaera" teh.
> >
> > Saterusna...,
> >
> > Sakumaha dina spanduk eta calon, disebutkeun yen inyana teh 
calon ti
> > dpd Golkar, Jabar. Tah, tumali jeung hal eta, asa ku 
teungteuingeun
> > ka Golkar Jabar. Asa kakurangan pisan pangaweruh kana situasi 
budaya
> > masyarakat Jabar, Golkar Jabar teh. Piraku atuh Golkar Jabar teu
> > apal, yen sabagean gede masyarakat Jabar teh diwangun ku 
masyarakat
> > urang Sunda asli dina harti boh getih, boh kependudukan oge 
budayana
> > nya budaya Jawa Barat.
> >
> > Piraku teu engeuh, yen ngamucunghulkeun calon gubernur Jabar ti
> > seler sejen (minimal tina katurunan jeung ngaran) kana bari
> > ngagerihan ka mayoritas urang Jabar? Sok sanajan upamana, eta 
bakal
> > calon teh geus nyunda pisan kulantaran lahir jeung gede di Jabar,
> > tapi, geus ngarupakeun alamiahna sifat masyarakat, asana keur
> > tingkatan gubernur mah – minangka pamimpin utama masyarakat – 
kudu
> > ku putera asli daerah. Naha teu aya pisan kader di Golkar Jabar?
> > Atawa memang, Golkar Jabar teh "Golkar di Jabar" tapi 
lain "Golkar
> > keur Jabar"? Ana kitu, rek kamana (quo vadis) atuh Golkar Jabar 
teh?
> >
> > Baraya, mungkin nalika maca ieu posting aya sababaraha warga 
milist
> > anu protes atawa nuduh si kuring porimordial. Tapi, jujur wae, si
> > kuring mah nepikeun naon anu jadi kamelang lamun gubernur Jabar 
ka
> > hareup dijabat ku katurunan seler sejen. Asa teungteuingeun 
pisan,
> > Jabar teh nepi ka teu boga warga US anu pantes jadi gubernur.
> >
> > Baraya, mangga perkara di luhur lenyepaneun urang sadaya.
> >
> > baktos,
> > manAR
> >
> >  
> >
>


Kirim email ke