Ngiring ngengklokan ah*
 
Sapuk Kang Dian! Calon Gupernur & pejabat luhur kedah dites heula*
Cik tah  urang Batax tiasaeun teu?! Wawanianan*ngajago di lembur batur!
Sok geura, pami Calon Gupernur & pejabat luhur tiasa nyarios Sunda, komo 
diangge kanggo sadidinten marentah Jawa Barat, kaayaan basa Sunda tiasa 
langkung nanjeur. 
 
Margina sok kieu, kaalaman ku abdi pami nyarios sareng jalmi nu kinten2 tiasa 
nyarios basa Sunda, jalmina sok asa disapirakeun* jiga nu horeameun ngawalerna 
ge. Tapi pami diajak nyarios basa Malayu, sok janten sumanget da katingali gaya 
tea..
Tah, pami dicontoan ku Gupernur/pejabat luhur panginten nu diajak nyariosna ge 
asa diajenan*"Tuh, Bapa/Ibu Gupernur ge ngangge basa Sunda, moal nya urang 
rahayatna teu nurutan?"
 
ro2

>>> [EMAIL PROTECTED] 11/16/07 02:54PM >>>
Baraya, 

Kumaha urang ayakeun 'fit-proper-test' calon gubernur teh ku "TOSFL" (Test of 
Sundanese as Foreign Language) heula.
Nu ti sastra Sunda ikip/unpad tiasa teu nyayogikeun bahan ujina? :-). 

Tiasa oge ayakeun tes kanggo anggota milis KUSnet heula :-) Sanes kanggo 
'filter', mung hoyong terang sacara statistik. 

Undak-usukna.. anggo nu Priangan wae heula. Saparantosna tiasa oge nganggo nu 
Cirebonan.

Salam,
Dian.

Kirim email ke