alah... mani endah geuning khutbah nikahna, abdi jadi hoyong dikhutbahan deui euy. Wswrwb. Solihin
'''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''''' ----- Pesan Diteruskan ---- Dari: Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [email protected] Terkirim: Senin, 5 November, 2007 6:42:19 Topik: RE : [Urang Sunda] wejangan panganten... Kahatur seratan pribados, pangjejer waktos ayi ikmal -- warga kusnet oge nikah. Manawi katampi. Khutbah Nikah Atanapi Sawér kagegelan kanggé Ayi Ikmal sareng Néng Ani Bismillah Alhamdulillah Patepang di salaka maya dilajengkeun di buana nyata dua teuteup ngagedurkeun geter-geter asih janten pasini jangji: seja laki rabi kiwari cunduk di waktu ninggang di mangsa nitih wanci nu mustari ayi Ikmal sareng néng Ani didahupkeun di balé nyungcung Ayi Ikmal, Sabada ijab kabul diucap nami Ani anu satadina dibintian ku nami ramana baris robih dituntungan ku nami ayi Ikmal hartosna ti danget ijab kabul tanggel waler dunya akherat ngeunaan neng Ani di pasrahkeun ti ramana ka diri : salira (hajat nikah mémang kariaan – tapi – makna nikah nungtut pertanggel waleran) Tanggel waler salaki ka anu janten garwana, anu kedah ogé dicontoan ku jisim inyana: kahiji ngeunaan aqidah inti aqidah nyaéta kalimah toyyibah Laa ilaaha ilalloh mangkadé dina ngalaksanakeun kahirupan anjeun duaan kakeclakan akidah anu teu diguratkeun ku kangjeng Nabi Muhammad SAW. Aqidah sing panceg Istiqomah margi maot mah saha nu terang kacida rugelna diri upami isuk jaganing géto mangsa mulang ka mantenNa urang teu pinareng husnul khotimah kadua ibadah mamaos mémang raos kadanguna galindeng cianjuran ngahudang rasa tapi moal aya deui anu leuwih raos tur ngahudang rasa iwal ti soanten ayi Ikmal sareng neng Ani rampak ngagalindengkeun ayat-ayat suci Al Qur’an upami di bumi kagungan permadani anu éndah moal aya deui anu leuwih éndah tibatan dua lambar sajadah anu dianggé solat jamaah kacida nikmat sareng hidmatna mangsa ayi Ikmal ngucapkeun kecap Waladhdholliin dina tungtung fatihah ditémpas ku kecap Amiiin tina lambey néng Ani pon kitu kanikmatan sareng kahidmatan bakal sumebar tina kecap Amin néng Ani dina du’a demi du'a nu dilafadzkeun ku ayi Ikmal Katilu akhlaq Laki rabi téh teu bénten sareng salambar rambut anu masing-masing tungtungna dicepengan ku duaan Ayi Ikmal di tungtung ditu – Néng Ani ditungtung dieu kedah silih ayunkeun kedah silih béréan upami silih betot tinangtu rambut bakalan pegat Akhlaq salaki ka nu janten istri Akhlaq istri ka nu janten salaki baris nangtoskeun hirup kumbuhna hiji pernikahan sok sanaos tos laki rabi mangkadé akhlaq ka ibu rama indung nu ngakandung bapa anu ngayuga kumelendangna urang di alam dunya aranjeunna lantaranana salapan sasih lamina urang aya dina kakandungan anu jadi indung anjeuna teu tolih nyerina ngababarkeun méh dua taun cai pinareupna diseuseup ku urang kanyaah sareng kaihklasan anu teu kénging dimomorékeun kapan saur hadits ogé: sawarga téh ayana dina dampal sampéan anu jadi indung Upami urang ayeuna tiasa makalangan eta téh hasil lamokot késangna tuang rama dibarung ku du’a demi du’a -- anu teu kendat reureuh tuang rama tisusut tidungdung ngagedékeun anjeun para putrana sangkan hirup hurip bagja waluya Laki rabi ogé kedah tiasa ngaraketkeun tali silaturahmi diantara dua kulawargi kulawargi ayi Ikmal ti sukabumi – sareng kulawargi néng Ani ti Subang Ayi Ikmal sareng Néng Ani sing janten cukang lantaran ngantengkeun ieu tatali silaturahmi sangkan syiar kasundaan sareng syiar kaislaman tiasa langkung lega ambahan nyambuang saalam dunya Hirup di dunya henteu nyorangan mangkadé akhlak hirup kumbuh kamasyarakatan sing tiasa naritipkeun diri sing tiasa pindah cai pindah tampian Kaopat, cita-cita Hirup kumbuh laki rabi ulah ngan saukur diniatan dugi ka pakétrok iteuk tapi kedah dicita-citakeun langkung tebih, nyaéta tiasa riung mungpulungna anak incu kulawarga di sawarga ku kituna prinsip “kuu anfusakum wa ahlikum naaro” jaga diri jeung kulawarga aranjeun tina sueneu naraka kedah janten suluk anu janten cita-cita kulawarga upami isuk jaganing géto kagungan putra sangkan janten waladun sholihan mangkadé didik ku kaislaman sareng kasundaan Ayi Ikmal miwah néng Ani dinten ieu, opat welas agustus dua rébu lima sabuana – samarcapada nyakséni aya dua pamayang papasangan anu badé ngambah sagara ciptaan Pangéran bébér layar tarik jangkar baarokallohu laka wa baroka ‘alaika wajama’a bainakuma fii khoir paris, 4 agustus 2005 ganjar kurnia Toha Tazix <[EMAIL PROTECTED] com> a écrit : Assalamu'alaikum wr. wb Baraya mamanawian aya anu gaduh ling ramat atanapi nyimpen pail, nasehat atanapi wejangan kanggo panganten anu nganggo basa sunda. Simkuring sok kataji upami nguping nasehat anu nikahkeun bari bahasana teh meni murwakanti pisan. Tah bilih aya wargi kusnet anu gaduh punten alungkeun ka japri, d alungkeun ka millis ge teu sawios panginten. hatur nuhun sateu acanna ah... -- baktos Toha ------------ --------- --------- --------- --------- --------- --------- ----- Ne gardez plus qu'une seule adresse mail ! Copiez vos mails vers Yahoo! Mail <!-- #ygrp-mkp{ border:1px solid #d8d8d8;font-family:Arial;margin:14px 0px;padding:0px 14px;} #ygrp-mkp hr{ border:1px solid #d8d8d8;} #ygrp-mkp #hd{ color:#628c2a;font-size:85%;font-weight:bold;line-height:122%;margin:10px 0px;} #ygrp-mkp #ads{ margin-bottom:10px;} #ygrp-mkp .ad{ padding:0 0;} #ygrp-mkp .ad a{ color:#0000ff;text-decoration:none;} --> <!-- #ygrp-sponsor #ygrp-lc{ font-family:Arial;} #ygrp-sponsor #ygrp-lc #hd{ margin:10px 0px;font-weight:bold;font-size:78%;line-height:122%;} #ygrp-sponsor #ygrp-lc .ad{ margin-bottom:10px;padding:0 0;} --> <!-- #ygrp-mlmsg {font-size:13px;font-family:arial, helvetica, clean, sans-serif;} #ygrp-mlmsg table {font-size:inherit;font:100%;} #ygrp-mlmsg select, input, textarea {font:99% arial, helvetica, clean, sans-serif;} #ygrp-mlmsg pre, code {font:115% monospace;} #ygrp-mlmsg * {line-height:1.22em;} #ygrp-text{ font-family:Georgia; } #ygrp-text p{ margin:0 0 1em 0;} #ygrp-tpmsgs{ font-family:Arial; clear:both;} #ygrp-vitnav{ padding-top:10px;font-family:Verdana;font-size:77%;margin:0;} #ygrp-vitnav a{ padding:0 1px;} #ygrp-actbar{ clear:both;margin:25px 0;white-space:nowrap;color:#666;text-align:right;} #ygrp-actbar .left{ float:left;white-space:nowrap;} .bld{font-weight:bold;} #ygrp-grft{ font-family:Verdana;font-size:77%;padding:15px 0;} #ygrp-ft{ font-family:verdana;font-size:77%;border-top:1px solid #666; padding:5px 0; } #ygrp-mlmsg #logo{ padding-bottom:10px;} #ygrp-vital{ background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;padding:2px 0 8px 8px;} #ygrp-vital #vithd{ font-size:77%;font-family:Verdana;font-weight:bold;color:#333;text-transform:uppercase;} #ygrp-vital ul{ padding:0;margin:2px 0;} #ygrp-vital ul li{ list-style-type:none;clear:both;border:1px solid #e0ecee; } #ygrp-vital ul li .ct{ font-weight:bold;color:#ff7900;float:right;width:2em;text-align:right;padding-right:.5em;} #ygrp-vital ul li .cat{ font-weight:bold;} #ygrp-vital a{ text-decoration:none;} #ygrp-vital a:hover{ text-decoration:underline;} #ygrp-sponsor #hd{ color:#999;font-size:77%;} #ygrp-sponsor #ov{ padding:6px 13px;background-color:#e0ecee;margin-bottom:20px;} #ygrp-sponsor #ov ul{ padding:0 0 0 8px;margin:0;} #ygrp-sponsor #ov li{ list-style-type:square;padding:6px 0;font-size:77%;} #ygrp-sponsor #ov li a{ text-decoration:none;font-size:130%;} #ygrp-sponsor #nc{ background-color:#eee;margin-bottom:20px;padding:0 8px;} #ygrp-sponsor .ad{ padding:8px 0;} #ygrp-sponsor .ad #hd1{ font-family:Arial;font-weight:bold;color:#628c2a;font-size:100%;line-height:122%;} #ygrp-sponsor .ad a{ text-decoration:none;} #ygrp-sponsor .ad a:hover{ text-decoration:underline;} #ygrp-sponsor .ad p{ margin:0;} o{font-size:0;} .MsoNormal{ margin:0 0 0 0;} #ygrp-text tt{ font-size:120%;} blockquote{margin:0 0 0 4px;} .replbq{margin:4;} --> ________________________________________________________ Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! http://id.yahoo.com/

