Kang Yani biasa lah pola klasik prak tinggaleun ku pok. Memeh narjamahkeun aya 
pasualan ngawetkeun, masih tebih ti digitalisasi ieu mah estu masalah fisik. 
Lian ti ancaman diruksak ku cuaca oge ancaman langsung digorogotan ku beurit!!! 
Janten SOSna kandaga saterasna mah tiasa di brangkas. Pami kuncen sayogi mah 
tos we simpen di Safe Deposit Box.

JP
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Saturday, November 17, 2007 3:00:33 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: Kandaga/peti keur Nasakah Kabuyutan Ciburuy....Kang 
Ganjar

Leuh, meni rame geuning perkara wawadahan keur naskah
buhun. Ari nu kainget ku kuring mah,carita naon anu
aya di naskah eta eh. Naha tos ditarjamahkeun? Saha nu
narjamahkeunana? Aya heunteu baraya KUSnet anu boga
pipikiran hoyong ngulik kaahlian dina widang nalungtik
naskah buhun? Sahingga eusi naskah ciburuy teh
kanyahoan.

Kuring masih inget, (alm) mang Ayat kantos carios, aya
kasalahan dina ngahartikeun titi mangsa (taun)
prasasti Kawali, anu ngabalukarkeun salah dina
nafsirkeun eusi prasasti Kawali. Teu sagawayah, dina
perkara maca sareng nafsirkeun eusi naskah buhun.
Peryogi ahli efigrafi atanapi filologi anu mumpuni.
Enya sapertos, narjamahkeun ayat-ayat Al Qur'an. Pan
kedah terang latar belakang sareng sajarah turunna
hiji ayat al Qur'an, ssjb.

Mun teu lepat mah, tos aya kana tilu taunna, sabada
KUSnet Jakarta ngobrol sareng (alm) mang Ayat di Hotel
Santika Jakarta. Tapi teu katingali tanda-tanda aya
wargi KUSnet anu serius "mendalami" pernaskahan buhun
Sunda. Jigana, dina danget ieu, ngan sababaraha urang
wae anu tiada maca eusi naskah buhun, salah sawios
diantawisna nyaeta Pa Undang A. Darsa, anu kapungkur
nuju majeng nyusun disertasi, dimana mang Ayat janten
salah sahiji pembimbingna. Tapi dugi ka Ayeuna teu aya
wartosna deui.

Kumaha tah, Kang ganjar (Pa Rektor Unpad), naha Pa
Undang masih tiasa ngarengsekeun disertasina?
Pangalaman di UI, Pa Hasan Djafar, sok sanaos tos seep
masa studina, namung masih dipasihan dispensasi waktos
kanggo nyusun disertasina, dugi ka tiasa ngagondol
doktor. Margi langka pisan anu "menekuni" candi
"langka" Batujaya.

baktos,

mrachmat UIdipura

--- ndoell <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

> Meser we atuh Brangkas anu tilas. Di pasar rumput ge
> ngajejer
> pabalatak. Trus meh rada artistik, si Brangkas teh
> dibungkus
> ku kayu, teras di pernis.
> 
> Brangkas, tos tidituna didisain keur nyimpen
> dokumen,
> langkung aman boh tina anceman hawa tiis boh tina
> bahaya
> kaduruk.
> 
> 
> -dul-
> tukangteuing

____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
Get easy, one-click access to your favorites. 
Make Yahoo! your homepage.
http://www.yahoo. com/r/hs 




      
____________________________________________________________________________________
Be a better pen pal. 
Text or chat with friends inside Yahoo! Mail. See how.  
http://overview.mail.yahoo.com/

Kirim email ke