Kirang..Rt/Rw, no rumah, no telepon hehehehehe pami no sapatu abdi
39...hehee
tenni supardi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: ...ha..ha..Aki tatang mah
tiasaan...!
soook lah ngenalkeun deui...!
wasta simkuring nu katelah mah teni supardi "lalakina"
kawit ti ujungberung bandung jawa barat endonesia palih tonggohna...
kuli na di media radio sawasta
hobi na tatanen...sabangsaning tutuwuhan hias...
bacaanana trubus...
musikna kacapi suling...
tos ah...cekap nya...! haturnuhun ka sadaya warga kusnet.
ka aki tatang...tos jentre panginten nya...janten teu kedah kenalan deui...
haturnuhun...!
Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Teteh Tien kamana wae? boboran kamari teu tepang nya? Punten si aki tams sareng
ninina teu mendakan ka Jl. Mohamad Ramdhan, jalaran waktosna teu cekap.
Eta ujang atanapi nyai Tenni, dibabade ku aki mah sigahna bae Supardi teh
nami tambihan, naha bin atanapi binti. Upami wae Tenni teh istri, sigahna
lengkepna Tenni Binti Supardi. Upami Tenni teh pameget, tangtos janten Tenni
Bin Supardi.
Nanging aya kabiasaan oge, jenengan anu paling akhir teh upami sanes jenengan
ramana, tiasa janten nami carogena; ieu mah khusus kangge istri.
Teu aya awona sawios baraya enggal pinanggih ieu bae sing ngenalkeun deui, hi
hi hi hi?
indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
mangga linggih.......wargi enggal
Si teteh kataji ku nami tenni kacipta geulis, tapi aya supardi.....ieu mah
atuh kasep......satengah geulis satengah kasep janten naonnya..? he he
ipeut
tenni supardi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
jadian deui ah nepangkeunana....
sampurasuuuuun....Aki Nini, Bapa Ibu, Akang Teteh, Adi Lalaki Adi Awewe...sesah
tuda nyebatna, pokona kum kasadaya warga Kusnet...!
wasta simkuring Tenni Supardi, Kawit ti Ujungberung Bandung Jawa Barat
Endonesia...pami kuli mah di medi radio sawasta, teras hobina kana tani hususna
pepelakan hias...
haturnuhun ka Aki Tatang parantos ngabageaken...!
---------------------------------
Get easy, one-click access to your favorites. Make Yahoo! your homepage.
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
---------------------------------
Be a better pen pal. Text or chat with friends inside Yahoo! Mail. See how.
-+zupardi+-
---------------------------------
Be a better sports nut! Let your teams follow you with Yahoo Mobile. Try it
now.
---------------------------------
For ideas on reducing your carbon footprint visit Yahoo! For Good this month.