Neraskeun catetan Sejarah Kunaon pangna Wangsa Goparana bet ngalih ka Sagalaherang ?
Kunaon pangna Wangsa Goparana bet ngalih ka Sagalaherang ? Pangna ti Talaga los ka kaler terus mengkol ngulon ngajugjug ka daerah Subang moal henteu aya petimbangan kieu : Kahijina Harita teh Ibu kota karajaan Sunda geus dipindahkeun ti Kawali di Galuh ka dayeuh Pakuan Pajajaran diantara walungan Ciliwung jeung Cisadane. Ti Pakuan nepi ka Kawali ngembat jalan raya karajaan keur nyanyabaan para ponggawa karajaan jeung rahayat ti hiji tempat ka tempat sejen. Eta jalan mimitina ti Kawali ngaliwat ka tempat-tempat : Panjalu, Talaga, Sindang kasih, Karangsembung, Ujungjaya, Buahdua, Cisalak, Sagalaherang, Wanayasa, Purwakarta, Kosambi, Karawang, Tanjungpura, Cibarusa, Pakuan. Jadi munasabah pisan lamun Wangsa Goparana ngantunkeun Talaga teh mapay jalan nu geus ngabulungbung ti Talaga nuju ngaler. Di Majalengka (Sindangkasih) ayeuna aya makam Dalem Panungtung, eta teh paman Wangsa Goparana anu oge geus nyangking agama Islam. Anu kadua Wangsa Goparana waktu ngantunkeun Talaga masih anom,pinuh ku cita-cita hoyong nyebarkeun agama Rosul sajembar-jembarna. Kulantaran eta nu dicandak teh lain jalan nu ti Talaga los ka kidul tapi jalan nu nuju ka pusat Karajaan di Pakuan. Harita Pajajaran (kirang langkung 1540) keur jaya keneh, sanajan palabuan Banten jeung Sundakalapa geus diereh ku pihak Islam ti Demak. (1526, 1527). Ti Sagalaherang putra Wangsa Goparana nu jenengan Wiratanudatar (I) ngalih ka peuntaseun Citarum, bumen-bumen sapiri umpi di kampung Cijegang di sisi walungan Cikundul. Ringkesna carita kulawarga Islam di Cikundul teh anak baranahan , mencar kamana-mana Dug deg diditu didieu di wewengkon Karajaan Pajajaran ngadeg Masyarakat Islam. Runtagna Karaton Pakuan (1579) babakunamah kulantaran rahayatna ganti kapercayaan, henteu ngesto deui ka Rajana anu tetep percaya ka Dewa-dewa. Raja ngantunkeun karaton ngilari tempat anu singkur lantaran geus teu sanggup deui marentah rahayat anu geus tunduk kana parentah Allah. Raja nu hayang dianggap saperti titisan dewa geus teu aya nu mirosea deui. Sekeseler Cikundul mencar ka sakuliah Jawa Barat, ti Banten nepi ka Galuh. Aya nu jadi Kapala Daerah, jadi pagawe biasa di Pamarentah atawa di pangusaha swasta, jadi patani, sudagar atawa jadi Ulama Islam. Saruntagna Pajajaran rahayatna teu parindah kamana-mana, da geus temtrem baroga cecekelan nya eta agama Islam. Banten ngatur pamarentahan di daerah basisir, Sumedang di daerah padalaman. Pusat pamarentahan Sumedang nya di dayeuh Kutamaya. Raja anu mimiti marentah nya eta Pangeran Geusan Ulun. Ti taun 1530 keneh Sumedang mah geus lebet Islam. Diantara turunan Wangsa Goparana seueur anu saumur hirupna teu aya deui padamelan iwal ti ngulik elmu kaislaman sarta nepikeun eta elmu karahayuan ka masyarakat anu kacida barutuheunana ku obor kasalametan. Diantawisna Baing H. As'ari sareng Baing H. Marjuki anu katelah Baing Babakan milih kota Purwakarta pikeun ngajalankeun padamelanana jadi mubalig ti aanom nepi ka pupusna, neraskeun padamelan karuhun Eyang Wangsa Goparana. Ku ngalihna Wangsa Goparana ti Talaga ka Sagalaherang, putra putu Cikundul mencar ka sakuliah tatar sunda. *SILSILAH BAING BABAKAN* 1. SUNAN WANAPERI di Talaga, puputra : 2. SUNAN CIBURANG di Talaga, puputra : 3. ARIA WANGSA GOPARANA diTalaga ngalih ka Sagalaherang kirang langkung taun 1530 M, puputra; 4. ARIA WIRATANUDATAR - I (DALEM CIKUNDUL) istrina ti Banten, puputra; 5. ARIA WIRATANUDATAR – II di Pamoyanan Cianjur, diangkat janten Bupati Cianjur ku Mataram antara taun 1613 – 1645, puputra; 6. R. WIRADINATA, di Kampung Baru Bogor, puputra; 7. R. T. WIRADIREJA, Dalem Sukaraja Bogor, puputra; 8. R. JAFAR, puputra; 9. EMBAH AHMAD, puputra; 10. EMBAH JO'AN, puputra; 11. BAING AS'ARI, di Purwakarta, puputra; 12. BAING MARJUKI, di Purwakarta pupus taun 1937 Bahan dikumpulkeun tina Silsilah Cikundul kalawan perantaraan R. Iskandar Sasrawidjaja, Bandung. Cag.

