Bewara ka baraya sadayana, padumukan atawa paranti mihape sare si kuring nu di rajamantri kaler 23 tos pajeng. Sanes teu betah, ngan badag enjum teuing, ongkos miarana.
Si kuring jeung buntut baris nebeng heula ka mitoha di minerva florist, jl. terusan sersan bajuri km 5 no. 2 cihideung lembang sataun mah, bari milari lahan pikeun piimaheun. Aya imah di antapani dikontrakeun, ongkoh indung budak hayang ngadeukeutean sepuhna da tos lumayan yuswana, mambu 73, deden 77. Kanu resep kembang, mangga amengan ka gunung.

