Muhun .... nya. pami nitenan palsapah hirup
manusa utamana jeung oge makhluk lian
gumantung kana cai
kumargi kitu meureun karuhun urang teh
neundeun papatah dina ngaran tempat supaya gampang inget.
Da pami urang lumaku ka mana wae
tangtu ti hiji tempat ka tempat lianna.
Tong poho ka cai, pikeun urang muslim mah komo
cai teh kacida pentingna sagigirareun "asal kajadian"
tina cai "maaun" ceuk urang padang pasir.
Malihan 2/3 duka 3/4 nya bumi teh cai.
Dina Kitab suci Al-Quran disebatkeun
mun teu lepat : "Sakabeh nu hirup dijieun tina cai". wallohu a'lam bimurodih.
Tong poho.... ka mana wae
angkat tong hilap "cai" kanggo leueut
tong hilap ka "cai"
Poho kana cai ..... sapoe halabhab komo poho pisan mah....innaalillahi..istirja.
Poho ka cai...saminggu.. kotor jeung bau nu pasti ...
euleueh geuning kalalanjonan nya ghafarallohuli walakum
punten baraya sadaya
smyusuf
Nudiajar ketakketik
----- Pesan Diteruskan ----
Dari: Gan Lesmana
Euleuh .... emang meni saunyudan nya geuningan nanamian nu ngawitanna tina "ci"
teh ....... Ku Bagja eta anu mere ngaran .......
________________________________________________________