sakali-kali mah diajar nyajak (atawa naon bae kasebutna)...

Teuing ku naon
ieu jajantung
sok ngadadak ratug
teu pupuguh

Teuing ku naon
ieu hate
sok ngadadak nyeblak
teu pupuguh

Ka sakitu kalina panggih
teu cara biasana
bet aya geter nu beda

komo
mun geus paadu teuteup
aduh alah ieung...
dak dumadak
awak ngaleketey
tuur ngaroroncod

Duh...
Eulis...
Piraku kuring ambon sorangan...

-- 
sikandar
www.urangsunda.or.id

Kirim email ke