Saleresna tujuan utama mah sanes bade ngarekonstruksi Wastu, mung bade 
ngawanohkeun Wastu ka barudak, tangtos dina carita bacaeun barudak. Nu bade 
digarap teh tiasa bae wangun komik atanapi animasi.
Leres kedah aya tahapan anu rada merele supados teu ngagentak sareng kedah 
terbuka, maksad teh upami aya kritik kedah diwadahan.
Dina rencanana mah leres kedah aya komik strip, carios anu pondok, malih bade 
ngayakeun pendekatan sareng media masa citak, sugan tiasa mayeng terbit naha 
unggal minggu atanapi unggal dinten. Ieu garapan teh kedah leres ditataharkeun 
kalawan gemet, margi upami gagal, hartosna gagal teh "barudak teu beukieun" tah 
palebah dieu Wastu Project dianggap gagal.
Supados teu kitu kedah aya heula bubuka dina wangun anu langkung bersifat 
sosialisasi, sapertos gaya promosi emuk (mug) anu diserat ku Kang Iip, Komik 
Strip, sareng anu sanesna, dina wangun anu saulas sausap. Tantanganana dina 
ngawangun gawe bareng sareng pihak-pihak anu dianggap layak, sapertos Mc D, 
koran, majalah sjte. Hal ieu ge bari sakantenan ngawadahan kritik supados 
kenging tangtungan Wastu anu ajeg, ari beubeungeutan Wastu pastina ge nu kasep 
tapi nyunda, tah ieu ge nu kumaha, padahal kedah katingal di payun, ti gigir, 
ti luhur, ti handap, ti sadayana sudut pandang. Teu acan asesoris, asesoris teh 
langkung nyoko kana papakean, wanda tangtungan naha budugul naha gondrong, naha 
nganggo iket atanapi nganggo topi (?), dudukuy atanapi acukna ukur.........Teu 
acan saha bae tokoh anu caket, tangtunganana kumaha, ssjte.
Wastu ngawitan makalangan. Siap gerak. Nuhun Kang Dudi, diantos asupanana.

MSasmita



  ----- Original Message ----- 
  From: dudi saja euy...........! 
  To: [email protected] 
  Sent: Friday, November 23, 2007 7:30 AM
  Subject: Re: RE:[Urang Sunda] Wastu jeung KDKBK
  Ua Sas, aya usul ti sikuring bari ngarereka "sang hyang the legend 
  of wastu"; upami diibaratkeu ngarekontruksi wastu janten tujuan 
  tangtosna urang kedah ngarancang kumaha tahap-tahapanana, 
  diantawisna anu kasebat ngadamel prototipe-1, prt-2, jst; tah 
  palebah dieu kumaha upami ngadamel heula komik-komik pondok, atanapi 
  animasi-animasi durasi pondok tapi aspirasina sareng settingna anu 
  teu tebih sareng 'wastu' ah da aspirasina mah seueur bade anu tos 
  lawas atanapi anu haneut keneh...., 

  Kanggo para wargi sadaya perkawis "Wastu' ieu aya ekpose-na dina PR 
  dinten ieu, nya teu kakantun Ua Sas-na ge ka senggol, Ua Sas 
  tea "from zero to hero" 

  wassalam, 


  . 
   

Kirim email ke