ganas sabrang alias cangkuang teh, masih keneh aya di kampung pulo. ku urang
lembur baheula sok dipake bahan keur nyieun tambang. daunna dikeueum dina
luluk, supaya tinggal seratna. terus diuntun dirara  jadi tambang. rupa-rupa
bahan bisa dihasilkeun salian tambang keur nyangcang domba garut, oge keur
nyieun salang paragi nalain tanggungan. (mh)

On 11/27/07, Naufal Fajar Gumati <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Upami teu lepat, sok biasa oge disebat tangkal / daun ganas sabrang.
> Memang leres di Cangkuang seueur tangkal nu kieu (kapungkur), di lembur2
> sakurilingeun Cangkuang oge seueur. Nami Situ Cangkuang ngalap tina ieu
> tangkal / tutuwuhan.
>
> Baktos,
>
> NFG
> (Lemburna deukeut Cangkuang)
>
> On Nov 27, 2007 4:16 PM, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> >    Di daerah Cianjur kidul namina tangkal pandan..
> > sanes pandang (wangi) anu sok dianggo masak kolek, bubur kacang hejo
> > namung pandan anu daunna sok dianggo samak atanapi dudkuy para patani
> > biasana seueur di daerah basisir.....
> > cobi ameng ka Batu Hiu (Pangandaran) seueur tanggal nu kitu
> >
> > ssw
> >
> > *kumincir <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:
> >
> >  Aya nu uninga tangkal cangkuang? Kuring mah apalna ge cikeneh, ari
> > sugan teh lain ngaran tatangkalan. Mun aya nu apal, cikan akurkeun... bisi
> > bae salah...
> > *Cangkuang* (*Pandanus tectorius*) téh salasahiji spésiés 
> > *Pandanus<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Pandanus&action=edit>
> > * (papandanan), anu hirup di kalér 
> > Queensland<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Queensland&action=edit>,
> > Australia <http://su.wikipedia.org/wiki/Australia> jeung 
> > Indonésia<http://su.wikipedia.org/wiki/Indon%C3%A9sia>sarta pulo-pulo 
> > tropis di Sagara
> > Pasipik<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Sagara_Pasipik&action=edit>nepi
> >  ka
> > Hawai <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Hawai&action=edit> (di
> > ditu katelahna tangkal *hala*). 
> > Tangkalna<http://su.wikipedia.org/wiki/Tangkal>leutik, tumuwuh ukur nepi ka 
> > jangkungna 6 m,
> > akarna <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Akar&action=edit>serabut 
> > sahingga nanceb pageuh dina taneuh. Panjang daunna 90-150 cm,
> > lébarna 5-7 cm, kalawan sisi nu rérégéan. Hirupna di wewengkon anu hawana
> > haneut sarta taneuhna lembab. Buah cangkuang bentukna buleud, diaméter
> > 20 cm, rada siga 
> > ganas<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Ganas&action=edit>,
> > sarta bisa didahar langsung atawa diolah heula. Di 
> > Mikronésia<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Mikron%C3%A9sia&action=edit>mah
> >  buah cangkuang téh jadi katuangan utama, utamana di wewengkon
> > atol <http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Atol&action=edit>. Serat
> > buahna sok dipaké pikeun meresihan huntu (*dental floss*). Daunna so
> > dipaké bungbu manisan, sarta cenah bisa dipaké natambaan kasakit. Bihari,
> > daun cangkuang dipaké pikeun hateup imah.
> > Serangga watang *Megacrania 
> > batesii<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Megacrania_batesii&action=edit>
> > * hirup sarta dahar ukur dina ieu tangkal.
> >  Galeri    
> > <http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Pandanus_tectorius_fruit.jpg>
> >  Buah cangkuang.
> >
> >    <http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Pandanus_tectorius_leaf.jpg>
> >  Mun ti kadeukeutan, daun Pandanus bakal katémbong cucukna.
> >
> >    <http://su.wikipedia.org/wiki/Gambar:Xpandanus_roots.jpg>
> >  Wangun serabut akar cangkuang.
> >
> >  Baca ogé
> >
> >    - Candi Cangkuang <http://su.wikipedia.org/wiki/Candi_Cangkuang>,
> >    candi anu aya di Cangkuang, 
> > Garut<http://su.wikipedia.org/wiki/Cangkuang%2C_L%C3%A9l%C3%A9s%2C_Garut>
> >    .
> >
> > Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Cangkuang";
> >  Kategori <http://su.wikipedia.org/wiki/Husus:Categories>: 
> > Pandanales<http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Kategori:Pandanales&action=edit>
> > --
> > sikandar
> > kumincir.blogspot.com
> > www.urangsunda.or.id
> >
> >
> >
> >
> > http://cikundul3.multiply.com
> > *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
> > *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*
> >
> >
>  
>

Kirim email ke