aya anu teu patos kahartos ku sim kuring, nyaeta kecap "renungan" dina eta seratan. lenyepaneun kitu maksadna? ----- Original Message ----- From: Roro Rohmah To: [email protected] Sent: Thursday, 29 November, 2007 12:57 Subject: [Urang Sunda] Carpon Kang Yaya jadi Pinilih
Wilujeng wayah kieu.. Baraya, nembe sajorelat ningalian Majalah Mangle No. 2145, 29 Nop-5 Des 2007. Tara tisasari kertasna mani sae, duka pedah dina raraga Milangkala Emas.boa-boa minggu payun mah "surem" deui...heheh. Dipapay salambar-salambar, ari breh teh aya Carpon Pinilih Mangle sasih Oktober 2007, nu kengingna. Kang Yaya Rukayadi, dina carpon "Nu Paruasa di Korea" (Mangle no. 2138). Wilujeng Kang Ya! ngiring bingah & reueus. Diantos carpon nu sanesna. Bilih panasaran, file-na ditangkodna, nyanggakeun. baktos, ro2

