waktos OTDA nuju haneut-haneutna aya dua aliran
(konsep)di tingkat tataran akademik. Nu kahiji
aliranana Ryas Rasyid (IIP)sareng aliran sanesna
nyaeta aliran Bhenyamin Husein (UI). Pa Bhenyamin teh
kasang tukangna ahli hukum, namung ngajar Elmu
Administrasi di FISIP. Disertasi doktorna perkawis
otonomi. Kapungkur mah duanana teh sok rada
"pagetreng" perkawis konsep OTDA. Ari saur Pa
Bhenyamin mah, UU Otonomi Daerah teh aya 'cacad'na anu
ngabalukarkeun salah tafsir, antukna jalan OTDA
heunteu sapertos anu dipiharep. Jigana, konsep UU OTDA
didamel ku tim anu teu patos paham kana masalah
hukum.(sigana konsepna didamel heunteu melibatkan ahli
hukum ti UI).
Dina perkara ieu, memang aya conto produk UU anu
didamel gurunggusuh, heunteu ngalibatkeun ahli di
widangna. Conto UU anu cacat nyaeta UU PTN BHMN.Salah
sawios pengonsepna nyaeta anggota DPR Prof. Arifin.
Cacatna teh, nyaeta anu nganggap PTN sabage salah
sahiji badan hukum anu terpisah ti nagara. Padahal
Nagara nyalira pan hiji badan hukum oge. Ari saur Pa
Rektor UI Prof. Gumilar mah, saurna PTN BHMN teh sami
sareng nyieun nagara di jero hiji nagara. Nu matak,
ayeuna nuju dikonsep dinamian Badan Hukum Pendidikan
(BHP), heunteu aya kecap anu aya Nagara.
Tah,kitu oge dina perkawis OTDA, aya anu nafsirkeun
kaliru kana sumanget demokratisasi sareng
desentralisasi, margi aya kecap-kecap otonomi sareng
daerah. Padahal pan jiwa/semangat OTDA teh kanggo
nyejahterakeun sareng kaadilan pikeun sakumna
masyarakat Indonesia. Sigana sumanget anu aya di
pajabat anu ngokolakeun pamarentahan teu acan seragam
sapaham. Nya kitu oge di kalangan anggot DPR. Kumargi
kitu, kedah aya kontrol ti masyarakat, masyarakat
kedah di pigeuyekeun (diberdayakan), sangkan janten
pengontrol anu kiat.
--- tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> hehe...
> Kang, ieu mah estu kapeurih urang bae ninggali
> gejala sosial anu ktiu. Mun
> ku urang teu dikawal, kawatir Otda anu sakitu hade
> teh, malah dianggap teu
> sukses sahingga kudu disentralisasi deui.
> Aya beda antara konsep jeung praktek. Tapi sok
> sanajan kitu, nyalahkeun
> konsepna estu bahaya. Bisi dicokot deui ku rejim anu
> hayang sentralisasi
> deui.
>
> Ke urang pedar deui. Langkung jero, ngan anu pokok
> mah Otda penting. haha
>
> baktos
> tantan
>
____________________________________________________________________________________
Be a better pen pal.
Text or chat with friends inside Yahoo! Mail. See how.
http://overview.mail.yahoo.com/