Wilujeng enjing Baraya sadayana ......
Hapunten kamari-kamari mah mung tiasa noongan-sareng noongan wae
maklum kasaurkeun mah nuju pakpuket .........

Nyaan benten ari warga KUSNET mah ....... 
teu ngabenten-benten anu alit anu ageung, 
anu nuju di luhur sareng anu nuju dihandap,
dilarapkeun geuningan silih asah ... silih asih ... silih asuh teh ........

Teu salempang atuh upamai urang mancala mancili teh .... nya eta wae geuningan 
bagean cafe oge aya. Sareng meni iseng deuih nya ..... "katangkep baseuh" ..... 
atanapi "katangkep teras baseuh .....!?" he... he... he...

hatur nuhun,
baktos,
gl
--------------------

Dari: Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Minggu, 2 Desember, 2007 2:35:30
Topik: Re: [Urang Sunda] Fwd: Katangkep Baseuh

Wios atuh Kang Toha, sakantenan promosi yen aya Kusnet, utamina ka kaula muda 
anu sok sarumping ka eta kape. Kecap "Katangkep Baseuh" rupina tarjamahan tina 
bahasa Indonesia nya? " Ketangkap basah"; dina basa Sunda aya anu sarimbag 
sareng maksad eta, nyaeta: Kaperego, Katohyan, atanapi Kacerek deleg?. Duka tah 
leres duka henteu, aki tams sok sering nguping kecap eta di lembur jaman aki 
tams leutik keneh baheula.


Kang Toha <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
punten ah...gambarna kakantun.... 



      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke