wilujeng sumping di Babakan Kusnet, Mang Dahana..
punten nga-Emangkeun, da rumaos budak keneh abdi mah.
nepangkeun, abdi Ndoell, kawit ti Linggarjati Kuningan. 
Dumuk mah ayeuna di Depok. Padamelan jadi tukang onderdil.

Kutan Emang teh kolumnis di Tempo. sami sareng Bah Willy,
abdi ge teu rutin maca Tempo teh. Tempo-tempo maca, tempo-tempo
henteu. heu heu.

-dul-
tukangteuing



--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Rampes, kanggo Prof Dahana, ieu teh Pa Dahana, kolumnis Tempo 
sareng 
> anu "ahli Cina" tea kitu?. Hatur nuhun kersa rurumpaheun ka KUSNET. 
> Kapungkur kuring sering macaan artikel Pa Dahana dina Tempo, mung 
> ayeuna mah asa jarang, tapi duka ketah, meureun pedah kuring ayeuna 
> mah, teu rutin macaan Tempo. Sanes kunanaon, anggaranana pabaliut 
> jeung urusan dapur ....hehehehe
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> > MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@> 
> wrote:                               Wilujeng sumping di babakan 
> KUSnet Prof.
> >  Mangga kalebet, sawios angge wae "sapatuna", upami
> >  disimpen di tepas mah, sok di"gegel" anjing.
> >  Itu di lebet, diantosan ku Prof. Ganjar Kurnia ti
> >  Unpad.
> >  
> >  baktos,
> >  
> >  mrachmat Uidipura
> >  anu "ngageugeuh" Kampus Ndepok
> >  
> >  --- A Dahana <adahana@> wrote:
> >  
> >  > Punten, nepangkeun abdi ge, A. Dahana ti U.I.
>


Kirim email ke