PMU: Trotoar ku: Kebo Hideung -Tasikmalaya "Naha Wok, geuningan teu dines euy, mani nyalse kitu?" "Lah..nyalse teu nyalse Mang, puguh ari teu liar mah teu boga duit saketip-ketip acan." "Jigana Kang Ewok mah keur cuti tahunan meureun Mang..!" cek si Riweuh mairan. "Ah..piraku atuh dagang-dagang wae make aya aturan cuti tahunan sagala, aturan 'timendi' (bhs wewengkon Cibingbin; timendi=timana) anu ngangatur cuti tukang dagang."
"Har..ari Mang Utas...aya atuh Mang, tuh anu nyieun na oge Kang Bolot...nya Kang Bolot akang pan nu ngadamel aturan cuti tukang dagang teh ?" tembal si Riweuh bari noel kang Bolot anu keur ngalinting pahpir. "Muhun Mang Utas, ieu mah bako buatan Tasik asli, cobi geura raosan, pedo Mang...." tembal si Bolot bari ngasongkeun bako. "Moal..moal Lot...uing mah geus pere udud, sok we sing tenang ududna." tembal Mang Utas bari mentegeg "Baruk Mang Utas cuti udud nya..?" tanya Kang Ewok bangun daria. "Halah...ewok..ewok....udud-udud wae mamake istilah cuti sagala, euweuh na kamusna euy cuti udud mah." sambung mang Utas bari gek diuk luhureun gorobak dagangan Kang Ewok. "Hehehehe...pedah we eta nolak anu bade masihan bako." "Ah..ngarah teu katutuluyan we ngobrol jeung si Bolot, bisi darting uing kanceuh." "Lain euy..enya kunaon ente ayeuna teu dagang?" "Puguhan Mang, ceunah cek beja ti babaturan poe ieu bakalan aya rajia, tibatan barang dagangan kuring dirampas ku pulisi, ah mendingan teu dagang we." "Ari kitu ente dagang dimana?" "Nya ari dagang mah ditoko." "Naha atuh ari ditoko mah meureun moal dicarek ku pamarentah oge." "Sanes di tokona Mang, tapi na emper toko batur." "Oooh..atuh na trotoar nya?" "Muhun Mang..." "Naha bet wawanian atuh dagang di trotoar, pan geus puguh teu beunang." "Atuda tos guyub Mang, barina oge bade dimana deui tempat dagangna?" "Nya di pasar atuh Wok, meureun geus disadiakeun ku pamarentah oge, yeuh didieu keur anu daragang, tah ieu keur jalan anu ngaliwat." "Mahal..Mang..mahal..! teu kabedag sewa tempatna ku samodel kuring mah, jaba oge sepi didinya mah." "Yeuh Wok, ari ngaran trotoar teh keur tempat anu lalar-liwat, hartina trotoar teh geus jadi pasum, pisakumahaeun teuing anu rarusuh jalana kahalangan kudagangan urang, meureunan lain oge meunang untung nu puguh mah meunang pangdu'a goreng ti anu ngarasa kahalangan." "Lah..da asa teu salah-salah teuing Mang, kuring dagang dina trotoar, anu salah mah anu laleumpang." "Naha bet nyalahkeun anu leumpang?" "Sok we ku Mang Utas emutan, kapanan anu laleumpang ngaliwat kana trotoar teh loba anu mareuli dagangan kuring, jadi we kuring betah dagang didinya, coba we mun seug teu aya nu laleumpang bari jeung teu mareuli dagangan kuring, meureunan moal dagang didinya kuring oge." tembal kang Ewok Mang Utas ditembalan kitu ku Kang ewok teh, anggur ngahuleng. "Heueuh ari kituna mah nya Wok, ente oge teu salah-salah teuing." "Yeuh Mang Utas...Kang Ewok..anu salah mah tuh..tempo...si Kang Bolot..!" cek si Riweuh bari hariweusweus. "Bolooooooooooooottt....!!! na sia teh kabina-bina teuing dudurukan handapeun kurung manuk.." corowok Mang Utas bari ngabaledogkeun sendal capitna ka si Bolot "Duh..sendal saha atuh ieu teh, keur butut teh bau deuih...urang duruk ahh..." gerendeng si Bolot bari lung sendal capit nu Mang Utas dialungkeun kana durukan. Nempo polah si Bolot kitu teh, si Mang Utas teu kuat nandangan amarah, tuluy we ngarumpuyuk kapiuhan. Tamat

