Ua Sas oge Kang Tirta,

Teh Ika ti Bapeda tos ikrar bade nyumbang keur nambahan ieu waragad 
peti naskah. Mangga, kantun nyusud. Tong salempang, sok sanajan Teh 
Ika padamel negeri, artos anu bade disumbangkeun keur peti naskah 
kabuyutan Ciburuy mah beresih tina korupsi.

baktos,
manAR
--- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ieu mah laporan we ka baraya sadayana, pedah nu ngawitan 
ngunclungkeun ka Kusnet perkawis peti di Kabuyutan Ciburuy tos 
koropok teh sim kuring, teras disantok ku Kang Tirta nu umajak 
sangkan aya "action by prak" ngagentos peti.
> Kamari nampi telepon ti Kang Ukas, Kusnet di Madiun, anu sanggem 
pesen peti kanggo Ciburuy. Peti meh rengse didamel.
> Ngadamel peti teh dua siki ukuranana 50x50x70 cm, pangaosna 
550rebu sapeti janten jumlah jamleh sajuta saratus rebueun teu acan 
ongkos kirim ka Kabuyutan Ciburuy Garut. Waragad anu tos aya 500rebu 
eta ge sami ti baraya Kusnet keneh teras aya kasanggeman ti Kang 
Tirta kanggo nambihanana, sabaraha-sabarahana mah gumantung Kang 
Tirta we, da teu acan betus. He he.
> Jadwal rengsena eta peti dina minggu ieu, janten elatna 
pertengahan desember ge tos dugi ka Ciburuy, peti enu koropok 
tangtos tos tiasa di gentos.
> Pangna ngadamel peti di Mdiun kahiji mah milari kai jati anu kolot 
tur sae di Bandung rada sesah, anu aya teh siga kai jati ngora, 
sareng katingalna rada cangcaya, malum sim kuring teu patos apal kai 
jati. Kaduana aya kasanggeman ti Kang Ukas anu dumuk di Madiun.
> Kukituna ngahaturkeun nuhun ka Kang Ukas nu tos paciweuh di 
Madiun, atuh teu ka kantun ngahaturkeun nuhun ka Kang Aschev 
Suraschev, ka Kang Tirta, ka Mang J kum we ka baraya sadayana anu 
tos kersa ulubiung dina "Project of Peti Kabuyutan Ciburuy".
> Bilih ieu mah aya baraya anu bade nambihan piwaragadeunana atanapi 
bade sanggem ngakut ti Madiun dugi ka Garut mangga we kontak ka Kang 
Ukas atanapi ka sim kuring ge mangga.
> Ieu wartos hal peti teh tos didugikeun ka Ceu Tien Wartini 
(filolog pangsiunan ti Museum Sribaduga) sareng Kang Hawe ti PSS, 
Ceu Tien sareng Kang Hawe ngahaturkeun nuhun ka baraya Kusnet anu 
tos neundeun katineung kana ngamumule naskah-naskah kuno Sunda nu 
aya di Kabuyutan Ciburuy.
> Manawi we sasieureun sabeunyeureun janten lahan amal kanggo urang 
sadayana. Amin.
> 
> MSasmita
> ukur pipilueun, pedah we dibenum janten koordinator ku kang Tirta. 
heu heu...!!
>


Kirim email ke