Sapuk, sae pisan ideuna.......kantun prak na. Biasana nu boga ideu nu kudu 
nuluykeun he...he.....Tenang kang urang garap sasarengan. Urang kawitan ku 
naros we ka kuncen2 tiasa kitu didamel statistik aya sabaraha topik badag nu 
salila ieu didiskusikeun na milis?

JP
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, December 5, 2007 6:15:30 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Kurikulum KUSnet?

Ningali pasuliwerna para angota KUSnet ngirimkeun
surelek anu meredih hiji pasualan anu aya pakaitna
jeung Kasundaan, jigana geus wancina upama nyieun hiji
ugeran/patokan pikeun warga KUSnet, pikeun "nguasai'
hiji pangaweruh. Kuring mah nyebutna teh "semacam"
kurikulum. Enya kurikulum jiga perkuliahan. Contona
pama urang hoyong terang perkara Karajaan Sunda
heubeul, buku-buku naon wae anu kudu dibaca. Lamun
hayang ningali basa Sunda anu dipake sapopoe jaman
saeuncan kamerdekaan, baca buku "Rusdi jeung Misnem",
jrrd.

Ku ayana kurikulum ieu, diharepkeun pangaweruh para
warga Kusnet teh,heunteu 'jomplang' pisan. Jeung
deuih, bisa ningkatkeun mutu, dina perkara Kasundaan.
Aya kabanggaan ancrub di babakan KUSnet teh, aya
"nilai lebih".

Cik, kumaha tah upama komentarna, upama aya kurikulum
KUsnet?

baktos,

mrachmat Uidipura
Gawena ngan kukuruyuk, lain kurikulum

____________ _________ _________ _________ _________ _________ _
Get easy, one-click access to your favorites. 
Make Yahoo! your homepage.
http://www.yahoo. com/r/hs 




      
____________________________________________________________________________________
Get easy, one-click access to your favorites. 
Make Yahoo! your homepage.
http://www.yahoo.com/r/hs 

Kirim email ke