nepi ka ayeuna can apal mang ndoel? kakak
cenah ieu mah cek cenah sandekala teh kala anak siwa ti durga tea :)

halah mang j ngabibita euy.. na ngan ukur di gramedia kitu? sikuring keur
pere yeuh ulih ka lebah dinya. keur diajar nyengcelengan :)) padahal godi
salah sahiji pangarang sunda kameumeut kuring. bukuna nu geus kabeuli karek
hiji... :(

On Dec 4, 2007 10:29 AM, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   baheula keur budak. Ulin teh sok kamalinaan.
> ku indung sok di carek :
> "Geus burit, geura balik ! bisi aya Sandekala..."
>
> ah nya nurut we, bari jeung tara tatanya naon sandekala teh.
> ngan dina pikiran harita Sandekala teh boa sarupaning jurig
> nu sok nyulik budak. Abong keur budak atuh, loba fantasi tea.
> Da basa keur sakola ge teu diajarkeun ngeunaan Sandekala teh,
> jadi we teu apal.
>
> nepi ka geus dawuk ge tara mikiran naon sandekala teh.
> ceuk si Jay tea mah "Tong dipikiran teuing lah, sing gering !"
>
> mun ka Gramedia, sugan aya duitna rek meuli Novel-na.
> meh apal, Sandekala teh naon.
> Bari sieun ongkoh keuna supata Kang Godi, bisi burut tea.
> heu heu
>
> -dul-
>
>
> --- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, mj
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > kamari kenging sms ti kang Godi Suwarna, panyajak nu konsekwen,
> ngan nulis
> > sajak dina basa SUnda.
> > smsna ngabejaan yen novel munggaran beunang anjeuna tos medal,
> pamedalna
> > Kelir. cenah novel eta tos aya di Gramedia.
> > ditambahan SMS na teh mun teu meuli, burut cenah. haha
> >
> > judulna SANDEKALA
> >
> > kapiheulaan yeuh
> >
> > --
> > geocities.com/mangjamal
> >
>
>  __
> ._,___
>



-- 
d-:
~karék cénah~

Kirim email ke