Engke ping 13 Desember, di Library of Congress, bakal dipidangkeun koleksi anyar: peta dunya karya Martin Waldseemüller taun 1507 (memeh datangna Tome Pires ka Kalapa asana mah). Dina eta peta pisan ngaran Amerika munggaran dilarapkeun pikeun buana anu ayeuna katelah buana Amerika. Tapi, para ahli hemeng, naha taun sakitu bet geus bisa nyieun peta anu sakitu akuratna? (Naha Panitia Wangsakerta jaman memeh tai kotok dilebuan bet geus bisa ngahasilkeun naskah anu medar runtuyan sajarah sakitu alusna? Palsu siah! heuheu...).
Ngeunaan buana Amerika mah ukur bubukana... Dina Wikipedia ( http://en.wikipedia.org/wiki/Waldseem%C3%BCller_map), salinan digital petana lumayan badag, ngan hanjakal lebah Indonesia mah rada nyisi, teu eces katempo tulisanana. Anu ku kuring kabaca mah ukur tulisan JAVA MINOR. Tah, bisi bae aya baraya kusnet di Washington DC anu pareng sumping ka eta pabukon, lajeng tiasa mendakan eta peta, susuganan tiasa maca (komo dugi ka kenging salinanana anu eces mah) naon wae tulisan anu aya di lebah pulo2 Indonesia. Panasaran, ari Sunda geus katuliskeun can? -- sikandar kumincir.blogspot.com

