Maling Masigit
   
  Sawatara waktu ka tukang aya warta nu matak reuwas. Kuring macana dina 
Kompas: Ketua PBNU KH Hasyim Muzadi nyebutkeun, yen loba masigit NU nu “diambil 
alih” ku golongan lian. Teu sawatara lila mucunghul deui warta: Rhoma Irama 
ngadegkeun Forum Silaturahmi Pengurus Mesjid dan Mushola – nu keur kuring, ieu 
alpukah Bang Haji teh taya lian ti lajuninglaku tina kasauran Hasyim Muzadi 
tadi. Sanajan, dina Koran Tempo, aya pembaca nu nyawad kasauran Kiai Hasyim: 
Masigit mah milik kumna umat Islam, lain milik salah sahiji golongan. Kituna 
teh bari nandeskeun, yen teu pantes pamingpin umat pantar Kiai Hasyim nyarios 
kitu.
  Komentar eta pembaca teh bener teu bener. Benerna, nya enya secara normatif 
nu ngaranna masigit mah milik muslimin – rek naon bae golongan atawa 
alirannana. Komo deui, sakapeung, pangurus saencanna sok “ngacapruk”. Lain dina 
pasoalan bag-bagan sholat atawa ibadah lainna, tapi dina perkara akuntabilitas 
jeung transparansi soal duit. Lain bae perkara “profesionalisme”-na, tapi oge 
siga nu teu amanah pisan: Infaq jeung shodaqoh teu weleh ngaleut, ari tempat 
kiih atawa abdas matak jararipen jalma sholeh: Kandel ku daki.   
  Teu benerna, nya teu ngaragap hate batur bae. Komo, siga nu disebutkeun Bang 
Haji pakait jeung organisasi nu diadegkeunnana, “pengambilalihan” masigit teh 
sok dibarungan ku nyawad – malah dina ucapan Bang Haji mah “ngapirkeun” – batur.
  Keur kuring, perkara masigit ieu lain bae perkara golongan atawa aliran 
kaagamaan. Tapi, dina sababaraha kasus, oge numpuk jeung pasoalan etnis, 
tingkat ekonomi, atawa tingkat pendidikan. Teu saeutik, masigit-masigit nu 
ahirna diurus ku dulur-dulur urang ti peuntas. Boh ti Sumatera, boh ti 
Sulawesi. Atawa, mun di Jakarta, ti Kalimantan. Kituna teh, lian ti mawa wanda 
Islam nu “modern”,  “rasional”, “fundamentalis”, atawa “otentik” pisan, tingkat 
ekonomi jeung pendidikannana ge leuwih alus manan masyarakat nu aya di dinya. 
Dibarungan ku kapercekaan dina widang organisasi, atuh masyarakat “pituin” 
urang dinya ge teu bisa nanaon. Eleh sawab. 
  Ongkoh, tina kituna mah kaharti: Lain bae agama Islam teh dibawa ku urang 
luar, tapi wanda “pembaruan”, “modern” atawa “pemurnian”-nana pisan nya 
diluluguan ku urang luar. Dina harti lain urang Sunda atawa lain urang Batawi – 
mun konteksna Jakarta. Pan Persis, inohong nu kakoncarana teh Kiai Hasan, urang 
Pakistan ti Singapura, nu muka pasantren di Pajagalan, Bandung, nu terus jadi 
lawan diskusi Soekarno dina bag-bagan Islam – kaasup mangsa Soekarno dibuang ka 
Ende? Atawa Moh.Natsir sareng  Singa Podium Bandung, KH Isa Anshory, ramana 
almarhum Mang Endang, urang Jl. Pangarang, turunan Padang nu soleh, masket kana 
badminton, bari Basa Sunda-na matak era jalma nu ngaku urang Sunda pituin. Pon, 
kitu deui inohong "pembaruan" lianna: H.Agus Salim, urang Padang nu bubuara ka 
Jawa alatan teu laju sakola ka Walanda, nu muka hordeng nu misahkeun jamaah 
lalaki jeung awewe dina hiji pangajian di Ciparay? 
  “Supremasi” urang luar dina widang kaagamaan teh nerap nepi ka kiwari. 
Utamana di kota-kota nu urbanisasina leuwih intens manan wewengkon lianna. 
Antukna teu saeutik, urang Sunda atawa urang Batawi nu kapaksa mipir, bari 
“rumahuh”. Contona masigit di gigireun imah mitoha, nu ayeuna jadi 
panganjreukan kuring. Ceuk urang dinya, oge ceuk sawatara jamaah di eta 
masigit, eta masigit teh sabenerna wakaf urang dinya. Tadina, bisa kasawang, 
nya masigit kitu bae. Ilaharna masigit di urang. Basajan. (Malah, nu matak 
helok kuring, ceuk maranehna, tempat abdasna, cenah, siga tempat abdas di 
Priangan: Mangrupa kulah. Bari laukna galede). Taun 60-an katompernakeun,  aya 
karep ngalegaan jeung ngawangun eta masigit. Nya dijieun panitia pangwangunan. 
  Ngan, mangsa pangwangunan lumangsung, jalma nu diamanahan pikeun ngurus 
pangwangunan eta “loba heureuyna”. Lain bae sumbangan keur kenteng dibeulikeun 
panto -- hartina rada pakojot dina nerapkeun akad, nu keur sawatara urang mah 
dicekel pisan, salaku bagian tina amanah. Tapi, oge remen nyalenggor jadi roko 
atawa “uang bengsin”. Atuh masigit teh teu anggeus-anggeus. Ongkoh, lulugu eta 
panitia teh ngadon hayoh manggung di DPR. Pangwangunan masigit teh beuki 
kaluli-luli.  
  Antukna, eta panitia teh “dikudeta”. Diganti ku nu lian, nu leuwih amanah 
jeung “profesional”. Alhamdulillah, masigit teh ngajenggeleng. Weweg, bari dua 
lantai pisan. Ngajegreng nepi ka kiwari. Lian ti eta, wuwuhan nyakola jeung 
perceka, bari miboga visi nu jauh jeung boga kasadaran hukum nu kandel, 
kapanitian anyar ieu teh teu kagok asong: Lian ti jadi panitia pangwangunan, 
maranehna nyieun yayasan nu jadi pangurus eta masigit. Saha pangurus eta 
yayasan teh? Nya aranjeunna. Atuh, nepi ka kiwari, sanggeus leuwih ti 30 taun, 
bari yuswana tos aya nu meh 80 taun, pangurus eta masigit teh aranjeunna. Bari 
teu bisa diungkit-ungkit. Da, sacara hukum puguh hideung bodasna.
  Kumaha kulawarga atawa masarakat urang dinya nu ngawakafkeun tanah keur eta 
masigit? Kapaksa ngungsi ka jero gang. Nyieun masigit lian, nu leuwih leutik 
jeung leuwih basajan. “Ngahibur maneh” ku muludan, ratiban, jeung marawis – 
kalan-kalan ngaraji kitab. Sakalina rek nyekar ka makam karuhunna, ukur bisa 
maca Yasin jeung tahlil di imah atawa di masigit anyar tadi. Da makamna, nu aya 
di pipir masigit heubeul, geus euweuh. Geus obah jadi tempat abdas. Sakapeung, 
murukusunu: “Batur mah maling di masigit teh ukur maling sendal, maling 
tarompah. Tapi, golongan anu mah maling teh maling masigitna”. Kituh...
  Demi pangurus anyar tea, mageran manehna teh lain bae ku badan hukum. Tapi, 
oge ku prak-prakan ibadah. Kaasup ku pangajian-pangajian nu “keras”. Lengkep 
jeung ngerahkeun massa, siga nu kajeueung kiwari: Lian ti ngeprak papada urang 
peuntas, oge ngamangpaatkeun kakompakan anggota hiji partai Islam. Atuh, 
diembohan ku semah nu kabeneran keur liwat, wuwuhan aya di sisi jalan nu 
kaitung rame, atawa ku barudak mahasiswa nu sakolana teu jauh ti masigit, tiap 
sholat rawatib di eta masigit teh matak reugreug kana hate: Rempeg, sok nepi 
kana lima atawa genap shaf-na. Kituna teh rapih jeung rekep. Matak reueus. 
Bari, sakalina urang wiridan rada panjang, bari urangna teu kaopan, sok asa 
diusir. Da, nu jaragana pahibut ngoncian panto hareup, inggis aya “jamaah” nu 
maling AC! Atawa tausyiah geus dimimitian. Pon kitu deui perkara rekep tadi: 
Awahing ku rekep, solat teh sok tambah jauh tina khusyu. Da, jempol katindihan 
birit batur. Atawa birit sorangan kaganjel ku suku batur.
   
   


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
       
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.

Kirim email ke