dinten ieu kuring mireungkeun radio delta FM Jakarta.
Aya wawancara sareng Kang Budi Junaedi (41) , urang
rungkut asri utara Surabaya anu ngarintis
ngadegkeun kampung saiber, di kampungna, dugi ka
"bebeakan" ngical mobilna 135 juta, kanggo
ngawujudkeun cita-citana. Ku sabagian warga kampungna
mah disebatna teh "jalma gelo" margi bebeakan hoyong
ngadegkeun kampung saiber eta.Kampung saiber ieu nembe
diadegkeun agustus 2007, dibantuan ku pausahaan
rad.net, anu masihan akses ka jaringan internet(saurna
mah nyodakohkeun sabagian bandwidthna). Aya kana 34
bumi anu tiasa ngaakses ka internet, kalayan haratis.
Ngangge teknologi Wi Fi jarak pancarna radius 1 km.
Jadi warga di kampung eta, ti awit budak leutik dugi
ka ibu-ibu, amengan internet. Kanggo ngajaga "hil-hil"
anu teu dipikaharep, situs-situs porno "ditutup".
Barudak di kampung eta janten sering mukaan Google.
Naon anu dipilarian? Materi palajaran di Sakola,
milarian waleran soal-soal tes palajaran di sakola.
Atuh ibu-ibu getol mukaan internet, milarian
resep-resep katuangan. Pokona jadi rame suasana di
kampung eta.
Naon rusiahna, jang Budi Junaedi sukses ngabuka
kampung saiber? Margi di kampung eta teh, tempat
linggihna M. Nuh, Menkominfo, anu masihan restu
ngadegkeun kampung saiber.
baktos,
mrachmat Uidipura
--- Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Karaos ku sim kuring pangaos akses internet teh
> masih awis. Ayeuna nuju ngalanggan Telkomsel Flash;
> samenit kedah ngaluarkeun artos Rp. 350. Aya oge
> paket beaya bulanan, Rp. 200 rebu per 40 jam sareng
> paket-paket sanesna.
>
> Pangawis akses internet di Indonesia masih awis
> kumargi cenah ngagaleuh bandwidth-na oge awis, upami
> teu lepat ti Singapura sareng teu aya alternatif
> sanes. Kumargi kitu, peryogi alternatif sanesna
> sapertos ngagaleuh bandwidth ti Australia, atanapi
> nagara sanesna. Ayeuna pamarentah nuju ngadamel
> program palapa ring (cincin-cincin kabel serat
> optik). Kanggo munggaran, bade diwangun di Indonesia
> bagian wetan heula. Ti cincin-cincin di wewengkon
> wetan eta, diharepkeun Indonesia tiasa ngagaleuh
> bandwidth ti Australia atanapi nagara sanesna anu
> aya di kaler wetaneun Indonesia.
>
> Kiwari Malaysia jigana ngagaleuh bandwidth kalayan
> pangaos anu langkung mirah sahingga tiasa nawiskeun
> ka palanggan beaya akses anu langkung mirah oge.
> Sugan wae Indonesia tiasa nurutan Malaysia dina
> taun-taun nu bade dongkap saatos palapa ring
> ngawujud.
>
____________________________________________________________________________________
Be a better friend, newshound, and
know-it-all with Yahoo! Mobile. Try it now.
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ