hoo...punten sateuacanna.. abdi teh masihan kateranganana teu patos lengkap.
abdi teh mahasiswa di Jurusan Desain Produk ITENAS. muhun leres kolokium teh tugas ilmiah, lamun biasana mah disebatna "nuju nyusun" kanggo Tugas Akhir. tapi abdi ayeuna mah nuju Strata1 keneh, Master atanapi Doctor mah Insya4JJI saatos nu ieu direngsekeun.... kumargi Jurusanna Desain Produk, widang anu bade dicandak teh nu sapertos ngaDesain ulang, Inovasi kaulinan nu tos aya, atanapi ngamumule deui kaulinan budak. --- In [email protected], Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kolokium teh salah sawios tugas ilmiah di peringkat paguron luhur, tepatna mah di tingkat Master atanapi Doktor. Wujudna sapertos seminar, workshop, atanapi lokakarya. tah si neng anu mosting teh kakirangan bahan atanapi can puas ku bahan anu tos aya. Margi kedah siap hujah upami aya patarosan2 para hadirin, naha ti maha guruna, naha ti papada peserta. Hanjeluna urang teu dipasihan bongbolongan, dina widang naon anu bade dicandak di eta kolokium teh? > > solihin yusuf <[EMAIL PROTECTED]> wrote: rampes > wa'alaikumussalam wrwb. > wilujeng sumping mangga lebet.... > naon tah teh, kolokium? abdi mah teu terang pami kolokan mah he..he.. > punten heureuy. tah kanu terang naon tah kolokium?.. > > wassalam 'alaikum > sy > > ----- Pesan Diteruskan ---- > Dari: diena yudiarti <[EMAIL PROTECTED]> > Kepada: [email protected] > Terkirim: Rabu, 5 Desember, 2007 3:17:28 > Topik: [Urang Sunda] Nepangkeun....... > > Sampurasun.. .. > ass.wr.wb > nepangkeun.. ...abdi Diena Yudiarti.... . > rerecangan abdi mah sok nyebat INONK. > abdi teh nuju milarian literatur kanggo kolokium nu eusina > tentang "kaulinan budak leutik".... > upami aya nu uninga.... nyuhungkeun bantosanana. .. hatur nuhun. > > > > > > > > > > --------------------------------- > Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! Answers > > > > > --------------------------------- > Never miss a thing. Make Yahoo your homepage. >

