Dilema ....... pasti dilema lan dilema wae ............!

Lamun numutkeun kana aspek profesionalismeu mah sigana moal kajadian samodel 
kitu. Rek di tempatkeun di mana wae atawa nempatkeun maneh di mana wae teu jadi 
masalah. Tapi kulantaran urang mah lolobana "business man" lan "business girl" 
jadi wae serba kapentok. Sagala rupana, kajeun teh teuing ieu dokter nu kudu 
bisa ngaproyeksi keur "PANGABDIAN" ......., nu penting mah aya euweuh yeuh keur 
uingna........ ceuk basa urang dieu mah "percuma bli.... sing maan apeu ....." 
(parcumah dulur .... teu meunang naon-naon).

Tah ieu anu sok jadi dilema teh ........
Aya kurajeun ayeuna loba dokter dipakotaan .... tapi geuningan angger wae 
profesionalisme gawe-na mah sigana teh euewuhlah .... atawa ngan sabaraha 
persen kitu ..... Lain hiji dua sok kacaturkeun dokter sok salah analisa, 
antugna lain kalahka cageur, kutan beuki kaparah...... aya eta oge dugi keun ka 
dug sampurna, alaratan ku cageur pisan tina panyakitna, muhun alias dugi ka 
maot kulantaran salah analisa ...... 
Ieu teh karek pisan kajadian ku tatangga di imah anu berobat terus si dokterna 
teh salah mere obat (cenah obatna teh geus kadaluarsa, atuh hayoh ngadon opname 
di RS Sanglah, Dps). Conto nu sejenna oge pasti lalobalah ....... Teuing kunaon 
atuh ....!? Naha bisa nepikeun kakitu .....!? Apanan sakapeung sok aya dokter 
nu nanyakeun heula deuih ka pasienna ..... boga duit teu ...!? Audzubillah 
himindalik .............
Tapi emang teu kabeh dokter kawas kitu ... ngan ieu mah pikeun conto sangkan 
anu rumasa jadi dokter tong kitu-kitu teuing ... da ari geus rejekina mah moal 
kamana atuh ........... 
Karasa baheula oge kuirng lan pamajikan pernah kadokter kandungan. Ieu mah 
sabalikna tina bisnis na salaku dokter tea .... ari manehna mah sigana geus teu 
malire biaya konsultasi atawa obat ..... da eta wae atuh harita teh kabeneran 
baralik ti kantor, awak barau kesang tur karucel deuih langsung indit ka eta 
dokter kandungan ... dipariksa ... dibere resep .... tapi teu diasongan 
kuitansi pembayaran .... padahal da duit mah mawa ...... Cenahna teh .... 
"Biarin deh Pak ...... kali ini tidak usah bayar .... silahkan buat beli obat 
aja, karena obat yg ada diresep harganya mahal-mahal ...."  Har ..... geuningan 
kitu ....!? Aya atoh aya era .... ngan saukur ku kecap "Terima kasih, Pa Dokter 
....."

Haturan tah kanggo para dokter anu narembe lalulus ...... sok wae prung geura 
praktekkeun tah elmu jeung pangabisa teh keur saumatna saumatna kum wae ...... 
keur rahayat anu merlukeun tanaga oge bantuan salira .... keun wae da ari 
rejeki mah geus aya nu ngatur ....... Tong sagala rupana teh ngan diukur ku 
duit wae atuh .........!!! 
Heueuh .... da kuring sorangan oge perlu ketang ari ku duit mah ....... Mana 
atuh jaman kiwari nu teu make duit ....!? Iwal ti hitut jeung heuay sigana teh, 
nya ......!?

hatur nuhun,
wass,
gl
------------
  
 
 
Dari: Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]>
Terkirim: Senin, 10 Desember, 2007 9:54:30

Mun teu salah dokter nu anyar lulus ahir 90an mah teu wajib praktek deui, teu 
aya model wajib kerja sarjana. Terus ku ayana BHMN mun teu salah Fakultas 
Kedokteran teh jadi fakultas mahal, elit jeung mun teu salah mah aya mahasiswa 
"lelang", meunang asup asal nyecep sumbangan gede (FK UI dugi 140 jutaan, leres 
kang Yani Uidipura??).
 
Pengabdian.. ......asa geus hese ngadenge jeung prakprakan jalma laku lampah 
alatan "pengabdian" . 
 
Jadi kumaha tah ngatasi kakirangan 400 dokter teh? Ceuk wakil Kadinas Kesehatan 
Jabar mah rek ngadrop dokter lulusan spesialis ti Unpad terus rek neang putra 
daerah. Asana mah beurat:
1. Dokter ayeuna mah digarawena di klinik kesehatan terpadu, buka warung di 
imahna kakarak nyambi di RS.
2. Putra daerah mah puguh mariskin atuh nu jadi dokter ge moal loba?
 
Jadi......dokter sunda mannnaaaa??? ??
 
salam 
JP. 



      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke