Jogyakarta ....... taun 1990 bulan Juni.

Lamun inget mangsa harita ..... emang beda nya basa Sunda jeung basa Jowo teh 
.....
Harita teh kuring jeung babaturan keur nuntaskeun gawean panungtungan nyieun 
skripsi. Caritana mah, keur nuntaskeun tugas akhir teh kudu "diklarifikasi / 
disatujuan" ku "Sang Pembimbing". Kulantaran hayang gancang beres lan tuntas 
ambeh bisa ngudag sidang wanci harita, nya kuring duaan teh meni aber-aberan 
ngungudag "Sang Pembimbing" tea.
Ku aya-aya wae dodoja ...... dina waktu anu geus ditangtukeun papanggih di 
imahna teh ngadon ka bolay, kulantaran "Sang Pembimbing" teh kudu 
gancang-gancang miang ka Jogya ... cenah kudu miluan "loka karya" nu diayakeun 
ku pihak UGM di daerah Bulak Sumur. Nya kapaksa atuh isukna kukuring lan 
babaturan teh nyusul miang ka Jogya. Mana duit geus pas-pasan, maklum da jaman 
kuliahan tea atuh .....
Poe isukna, bari ngan mekel baju nu aya dinu awak, kuring mariang make kareta 
api ti Bandung langsung ka Jogya. Kulantaran harita teh teu apal Jogya jeung 
teuing dimana atuh daerah Bulak Sumur teh, kuring janjian jeung ki sobat anu 
kabeneran kuliahna teh di Jogya, nu mana cicingna teh di Jalan Werkudara, Bulak 
Sumur. Ceuk manehna gampil cenah neangan kos-kosanana teh, ti Statsiun Tugu mah 
tinggal langsung wae naek angkot langsung ka Bulak Sumur, terus tanyakeun wae 
alamat anu dimaksud, pasti arapaleun.
Nya atuh sakurunyungna di Jogya teh langsung wae naek angkot anu ceuk ki sobat 
tea. Bener wae geuningan si angkot teh langsung ka Bulak Sumur. Turun ti nu 
angkot kakara rada baringung .... kudu nanyakeun ka saha ....!? Pulisi euweuh 
.... anu araya teh iwal ti tukang beca. Ah nya keun wae nanyakeun ka tukang 
beca oge da moal nanaon, pamikir teh. Komo deuih ceuk cenah apanan urang Jogya 
mah saromeah.
Bener wae ........ basa disampeurkeun teh salah saurang tukang becana langsung 
nanya ti heula ku basa jawana lan logatna anu medok ....
"Saget dalem bantu Mas ....!?"
"Oh iya ..... Mau tanya ...... Tahu Jalan Werkudara, Pak ...!?"
Bari ngahuleng, manehna luak-lieuk terus maeuran deui
"Jolon Werkudara ....!? Ora ono ... Mas ...... Sing Jogya ono-e Jolon Werkudoro 
.....!!!" 
Bari nunjukkeun make jempolna kapeuntaseun jalan.
Heueuh meureun bari jeung cape keneh, lelembutan oge masih kumalayang sigana 
teh - kuring jeung babaturan teh ngadon ngotot.
"Bukan Pak ....... Kami mau ke Jalan Werkudara ...... Dimana, ya!"
"Waduh ..... Dalem boten mangertos, seumpami jolon werkudoro yo ituuuu....." 
bari angger nunjukkeun ku jempolna kapeuntaseun jalan.
Kuring duaan ngaharuleng ...... naha ki sobat teh mere lamat anu salah kitu 
....!?
"Ya sudah ...... Matur nuwun... ya, Pak!!!"
"Sami-sami ....!"
 
Tungtungna kuring jeung babaturan teh epes mees ..... disorang wae jalan anu 
ditunjukkeun ku eta tukang beca teh. Sanggeus meuntas jalan, kakara katempo aya 
plang ngaran jalan ..... Euleuh bener geuningan nembra warna bodas luhureun cet 
warna hejo JL. WERKUDORO. Handapeunana aya make tulisan hurup jawa anu lamun 
ditarjamahkeun mah hartina teh Jalan Werkudara (Rada apal keneh harita mah kanu 
hurup Sunda / Jawa teh). Aeh ... enya, apanan ari urang mah ha-na-ca-ra-ka mun 
di Jogya mah ho-no-co-ro-ko. Berarti ieu tah Jl. Werkudoro teh .......... aeh 
Jl Werkudara teh.
 
Haturan tah ah kanggo Kang Ahmad nu ayeuna mah ngawulang di Medan, emut keneh 
panginten lalakon urang harita. Oge Ka ki sobat, Kang Eman Mulyadi, ayeuna mah 
tos pamborong nya di Tegal ......
 
Hatur nuhun,
Wassalam
gl
------------


      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke