Nu Tarigin
Jelas pisan, anjeunna teh lain urang lembur dieu. Da, kitu geuning: Boga kiai
nu seueur kaweruhna, nu majelis talimna di mana mendi, nepi ka urang sok hese
nepangan anjeunna di bumina; urang dieu mah ka asup kuring siga nu
hare-hare bae. Katingalna teh, tina 24-an kitab nu diajarkeun ku anjeunna,
euweuh saurang-urang acan nu pileukeunan ngabandungan mun sakalina kiai nuju
kaleresan ngawulang di masigitna teh. Atuh, nu ngaraos kitab ka anjeunna teh
lolobana mah urang luar. Aya urang Cengkareng, Tangerang, Cililitan, Tanjung
Priok, atawa Bekasi pisan. Kituna teh aya nu ka nu motor, kana angkot, atawa
kana... sapedah siga eta sepuh.
Disebut sepuh teh, pedah bae katingali tos aya yuswaan. Beda pisan manan
santri-santri sejenna. Ningali lahiriahna mah, pantesna, anjeunna teh tos
cueut ka 55 atawa 57 taun. Mun sanes 60 ge.
Demi nu jadi matak kayungyun. Nya, ku tos aya yuswana eta. Masih ngersakeun
tolab elmu. Kituna teh, katingalna, kaayaan anjeunna rada walurat. Sapedahna
ge, model heubeul, bari kurang piara -- pelekna geus coklat ku tai hiang,
pernekelna geus mareplekan teuing ti iraha. Santri-santri lian mah, nu ngalora,
alatan ku rapih jeung sakapeung rada modis -- sok marake kampret model Ustad
Jefrey atawa kameja bodas biasa, bari disarapatu -- sok leuwih katingali siga
salesman manan santri. Tas-na ge, maranehna mah siga tas laptop tea. Ari
anjeunna mah meles siga urang pasisian. Sendal capit nu geus kiriting, ditambah
ku tas hideung nu sok disolendangkeun dina taktakna nu katingal geus lanyed
jeung kuleuheu.
Sakapeung kuring sok kurang ajar, ngadon suudzon: Anjeunna pasti belet
nataku, ceuk pikir. Eta bae, batur-baturna mah meureun tos ka mana tos ka
mendi. Ieu masih keneh ngaos ka kiai, nu yuswana bisa jadi langkung anom manan
anjeunna. Bareng sareng santri-santri lian nu umurna oge leuwih ngora manan
anjeunna. Untungna culangung teh teu kalalanjoan. Kaburu inget, yen Imam
Hanbali masih ngersakeun ijigimbrang ngajingjing-jingjing tarompahna, alatan ku
rusuh ngabujeng hiji pangaosan ti pangaosan sanesna. Bari, harita, anjeunna tos
aya yuswa. Oge, ijigimbrang kitu teh sanes bade maparin pangaosan. Tapi,
ngupingkeun. Ana ditaros dugi ka iraha bade kikituan, ijigimbrang ti hiji
majelis ka majelis sanesna, anjeunna ngawaler teteg pisan: Nepi ka maot.
Beh dituna mah kuring reueus kacida ka eta sepuh teh. Campur era,
ngarumasakeun sok asa geus cukup, ngarasa nyaho bari sabenerna teu nyaho
nanaon. Kalan-kalan, mun teu sieun dianggap the freak mah sok hayang ngarawu
panangannana. Rek digelantoran. Sugan bae aya barokahna. Saha nu nyaho katepaan
boh suhudna, boh kaluhung pangaweruhna. Saencret bae mah. Atawa sok hayang
jadi malaikat, nu milu nyakseni kasuhudan anjeunna, oge mangduakeun: Sangkan
anjeunna kenging hidayah ti Mantenna dipinuhan ku elmu, sangkan iasa
neraskeun lajak Kanjeng Nabi dina ngalarapkeun jeung mekarkeun elmu agama, nepi
ka bener-bener nyaangan ieu buana. Lahir jeung batin.
Enya. Keur kuring, ieu sepuh teh conto natrat ngeunaan jalma-jalma nu
tareuneung jeung saruhud dina neangan kaweruh. Teu kapungpang ku umur, teu
kahalangan ku kaayaan nu (katingalina) walurat. Kuring? Sakitu tinggal
ngalengkah ka tukangeun imah ge aya bae alesannana: Ti mimiti kabeurangan,
poho, kaweur ku pagawean, nepi ka teu bisa maca kitabna. Da, enya -- deuih. Nu
diwurukkeun teh pan kitab Basa Arab, bari gundul tea. Euweuh barisan. Tong
boroning maca kitab siga kitu, maca Quran ge nu jelas aya jabar aya jeerna,
masih dadaligdeugan. Sakalina maca Yasin ge sok neangan nu aya hurup latenna.
Ambeh leuwih lancar ti dituna mah.
Sanajan, alesan nu leuwih sering mah, leuwih mangrupa sipating ujub jeung
takabur atawa suudzon tea: Pawulang kiai teh asa teu up to date atawa teu
nyambung pisan jeung kahirupan nu nyampak. Buktina, kamalir di gigireun eta
masigit ngeuyeumbeu, pikageuleuheun. Jeung deui, di mana arek ge diajar agama,
leuwih gampang maca buku. Atawa milu diskusi di Paramadina, Kuningan, atawa
Tebet. Bari hate mah gudawang, kopong molongpong da, boh diskusi, boh maca
buku, sarua teu dilakonan. Sakalina dilakonan ge, siga nu kajeueung ku sabuana:
Euweuh tapakna. Boh elmuna, boh ahlakna. Jajauheun.
Ningali ieu sepuh, lain bae inget kana tulisan nu aya di tukangeun papan nama
hiji ormas Islam ayat Quran nu nandeskeun mulyana jalma nu takwa jeung boga
elmu (Al Mujadilah: 11, mun teu salah mah). Tapi, oge sawatara riwayat lian nu
ngembrakeun kasuhudan sareng katiginan ulama-ulama kapungkur dina enggoning
tolab elmu ieu. Pan, cenah, teu saeutik para waratsatul anbiya nu badarat
rewuan kilo demi mung ngupingkeun hiji (!) hadis langsung ti para sohabat.
Kituna teh bari teu arang seepeun bekel. Dugi ka, aya ulama nu satengahing
badaratna remen ngaleueut cai papangna ku anjeun.
Pon kitu deui nu nahan lapar mangdinten-dinten. Awahing ku teu gaduh
tuangeun. Malah, aya ulama nu waktos nyantrina, mangpuluh-puluh taun iasa
ningali munara masigit di alun-alun Kairo mung ti kobongna. Atawa, nu ukur iasa
ngawawaas hiji katuangan nu ngan aya di pasar sareng kumaha nikmatna tuang di
eta pasar. Lain pedah anjeunna teu gaduh artos. Tapi, alatan anjeunna teu iasa
sumping ka pasar. Awahing ku tigin tolab elmu.
Aya deui, cenah, ulama nu kantos guguru dugi ka... ka 7.000 guru! Karuhan nu
ngantunkeun bojo nu keur bureuyeung mah. Nepi ka hiji waktos, satengahing
ngaos, eta ulama kasumpingan hiji nonoman nu singhoreng putrana ku anjeun -- nu
kapungkur, 17 taun sateuacanna, masih dikandung ku isterina.
Dibandingkeun jeung aranjeunna, oge sepuh nu bulukan tadi, atawa saha bae
nu tarigin nyiar elmu, boh elmu agama boh elmu dunya, tetela kuring teh euweuh
satai-tai kuku acan. Malah jeung kekebul nu napel dina salah sawios benang
raksukan aranjeunna ge, kuring tetela leuwih hina manan eta kekebul.
Gang Tengah, poe ka 10 Puasa 2007.
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
---------------------------------
Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.