Cobian mah Tahu Citarasa Kang, payuneun Griya Sumedang... sanes promosi ieu
mah, da kabuktosan.
ABdi oge sok mekel ari ka Jakarta. Sami eta oge nu gaduhna Cina.

Aya nu gaduhna urang pribumi, tahu Haji Ateng. Markas besar-na mah di
wewengkon Tenjolaya (ti Alun2 ka palih wetan, ngalangkungan Cipameungpeuk).
Malihan di parapatan Cipameungpeuk oge aya. Sami eta oge raos.

wilujeng narahu.. :)



On Dec 11, 2007 1:25 PM, syam <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    kang Bagja
> enya muhun dipalasari, teras di 11april namina tos teu bireuk, ari
> disebatkeun bilih iklan he he, teras di terminal oge aya deretan payun.
> sr
>
> ----- Original Message -----
> *From:* Bagjabinekas <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Tuesday, December 11, 2007 12:55 PM
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Tahu Sumedang
>
>  kang syam..
> pami di sumedangna tahu sumedang asli di mana??
> da abdi mah sok bingung oge.. mun wangsul ti kuningan atw cirebon sok
> nahu heula uihna sakantenan nyimpang, biasana pami nahu teh sok di
> tahu palasari, nu bogana cina.. bae lah da nu penting mah raos.. tapi
> sok ngahajakeun nahu di dinya, da mun dibungkus mah kirang pedow..
> ari di dinya mah pan tahu nu kakara nyat ngebul keneh terus
> dicocolkeun kana sambel nu dikecapan... hwaaaw... jadi ngacay we ah..
>
> ~indung bagja~

Kirim email ke