Favorit kuring mah tahu Citarasa. Sabulan sakali ari ngalongok lembur, 
sok meuli tahu teh didinya. Tapi nu sejen oge ketah sarua ngeunahna. 
Aya batur kuring, nu asli urang Bandung, malah favoritna teh tahu SARI 
BUMI, tahu Sumedang nu "aya dimana-mana", pangpangna di tempat 
istirahat jalan tol. Lamun teu salah mah, Tahu Sari Bumi, lain boga si 
Acun ...eh maksud teh warga katurunan tapi asli urang Sumedang.

Tahu Sumedang, cenah tadina mimiti dijieun ku Babah Bung Keng di Tegal 
Kalong di awal abad ka 20 (duka akhir abad ka 19). Sang Babah nu 
ninggalkeun lemah caina keur neangan kahirupan nu leuwih alus, 
akhirna "kapalidkeun" ka Sumedang. Meureun maklum nu ngumbara, muter 
otak supaya hirup, nya nyieun tahu ....  

Hiji waktu Kangjeng Pangeran ( Pangeran Suriaatmaja, bupati Sumedang 
jaman harita) ngalangkung ka tegal kalong, pas Babah Bung Keng keur 
ngagoreng tahu. Kaanggseu seungit goreng tahu, kangjeng Pangeran 
kataji, teras mundut goreng tahu nu teras dituang. Ceuk anjeunna teh:" 
Ngeunah ieu kadaharan, hiji waktu bakal jadi kadaharan khas Sumedang 
jeung bakal mere kahirupan ka urang sumedang umumna" 

Ucapan sang Bupati teh kabuktian. Babah Bung Keng, nu geus kolotna 
mulang deui ka lemburna di Cina, sacara teu langsung boga jasa gede, 
dina mere kareueus jeung oge pakasaban ka sabagian urang Sumedang.

Nu boga jasa kana kahirupan, sakapeung sok teu disangka-sangka ....


Baktos,
WALUYA



 



--- In [email protected], Nana Suwargana <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> sumuhun leres pisan 
> nunamina tahu bungkeng rasana beda ti tahu sumedang nusanesna
> 
> 


Kirim email ke