Leres pisan bapa, margi indikator moral diukur mung ku jilbab hungkul mah pasti 
naifna. Aki tams can mendak hiji kajantenana wujud ku hiji sabab, atanapi 
ditangtoskeun wujudna eta mung ku hiji faktor. 
   
  Bade ngajelaskeun moral diukur ku jilbab? Moral anu sae atanapi awon wae 
ukuranana naon? Jilbab biasana mung kangge Istri muslimah anu yakin wajib teras 
ngalaksanakeun kayakinanana. Padahal obrolan urang ieu teu ngan ukur istri anu 
kacandak, tapi malah pameget oge?. 
   
  Numawi dina kabiasaan nyaketan hiji masalah sacara ilmiah sok ngangge 
pendekatan multi faktor analisis. Langkung seueur faktor anu diangge dina eta 
pendekatan, tiasa janten langkung tiasa ngajelaskeun anu nuju dianalisis. 
   
  Tangtos teu sagawayah asal faktor, aya kaedah sareng logika anu diangge 
nangtoskeun faktor2 naon wae anu bakal diangge. Indikator kangge moral teh 
saleresna naon wae? eta masalahna dina obrolan urang ieu?. Sigahna kembangna 
moral buahna prilaku /sikap? aki tams teu pasti, teu faham widang eta. Satiap 
jalmi tiasa janten prilakuna benten2 dina rupi2 masalah, margi ciri2na satiap 
jalmi oge teu sami. 
   
  Perkawis aya henteuna hubungan, naha positif atanapi negatif antawis anu 
dijelaskeun sareng faktor2 anu diangge dina eta pendekatan, tangtos aya 
(pasti), mung hubungan eta teh naha signifikan atanapi henteu?. Biasana mah anu 
sok disebat hubunganana kiat dinyatakeun dina persen (peratusan) nyaketan kana 
angka 1 (100%) gumantung para ahli dina eta widang. 
   
  Widang eksakta signifikansi 70% boa2 teu signifikan (sapertos dina urusan 
nyawa pasen, penerbangan srrd), teu tiasa disebat eta hubunganana kiat. 
Kadangkala dina widang sosial 60% oge aya anu nyebat signifikan. Maksadna 
persen eta tiasa ngajelaskeun sakitu persen ku faktor2 anu diangge dina eta 
masalah. Kadangkala oge sok dihartoskeun faktor2 anu diangge disebatkeun 
signifikan atanapi penting diperhatoskeun.
   
  Punten sanes ngaguruan ngojay ka lauk he he he he, paralun teuing, ieu mah 
mung sakadar anu kantos aki tams terang, duka kitu oge jigahna seueur oge anu 
tos harilap yeuh. Kumaha atuh ngawaler patarosan kang Waluya?, diantos baraya 
sanesna anu aya minat dina perkara ieu, naha sponsor biaya kangge nalungtikna 
atanapi pangaweruh sareng sajabina, sumangga diantos, hatur nuhun sateuacana.   
 

H Surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Ngaos sertan anu paranjang duanana ieu..keukeuh wae teu acan jelas 
jawaban kana patarosan Kang W soal korelasi antawis Jilbab sareng HIV?AIDS- 
Moralitas ! Keukeuh wae ceuk abdi mah teu aya direct correlation..ngan aya 
usaha jalmi bader ngahubung2keun..kanggo dakwah... 
  

 
  On 12/16/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:               Leres 
dina Islam mah teu aya paksaan, tapi Nagari Arab teu kedah janten ukuran, da 
Arab teu sami sareng Islam. Sanaos kitu Alloh nurunkeun Islam di kawasan Arab, 
ngabuktoskeun Arab anu harita biadab /jahiliyah tiasa robah, mung ku 
perkembangan zaman sareng budaya oge sigahna, kawin teh cenah mahal pisan 
maharna? jadi eta geus robah tina ajaran Islam. Islam ngawajibkeun nutup orat 
teh sidikan supaya awewe jeung lalaki bisa hirup campur gaul diajar atawa 
digawe babarengan teu haram da awewena naruptup orat. Tapi nyakitu tea, naha ku 
adat budaya atawa zaman, jadi rubah jadi dipisahkeun. Nutup oratna oge 
leuleuwiheun sagala ditutup, padahal ti dituna mah dampal leungeun jeung raray 
mah teu orat. jadi carita di Arab kitu teh sanajan hukumna beurat, nya aya wae 
carita merkosa malah terus dipaehan. Sabab cenah jelema mah lamun jahat teh 
bisa lewih jahat tibatan sato (ceramah bang Iman baheula di Masjid
 Salman ITB). Dicontoan ku kalakuan anu jahat di kampung, mun kebo narajang 
kebon ngan saukur ngahakan jukutna, ngaruksak pagerna; tapi lamun jelema jahat 
aya sagala dibawa sagala dirampid rebo ngelek ngegel ceuk paribasana, aya 
sampeu, hui, cau, naon bae anu bisa dipaling, lain ukur didahar, mun bisa malah 
nepi ka dijual. 
  Wangsul deui ka budaya awon di Arab, sadidinten ningali istri ditarutup 
oratna, ari usum haji aya awewe anu dibaju beda, awakna masih kaciri, dibaju 
tapi seksi, atuh barang aneh keur lalaki urang arab?? nya pantes bae dibawa 
kabur diperkosa malah terus dipaehan. Mahalna kawin di Arab, memang biologi teu 
bisa dibendung, tos fitrah manusa kedah kawin, teu sakedik anu milarian kawin 
kontrak di urang. Aki yakin lamun urang Islam kaffah dina Islamna, caritana 
bisa jadi lain??? Sanaos setan oge beuki canggih ngagodana, alesanana, manusa 
mahluk anu paling mulia tibatan mahluk2 sejen, asal ulah leuwih goreng tibatan 
sato??    
    
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
        > From: Tatang Sariman
> Mungkin nembe yakin heula, prakna ke sugan......Tangtos teu aya paksaan ka 
> saha wae sareng ka pihak mana wae oge.

Tah ari kitu mah urang sapagodos, teu kedah dipaksa, keun we kumaha 
kayakinan masing-masing. Perkawis AIDS/HIV sareng jilbab, aya hubunganana 
Aki Tams, ngan cenah nu dikurudunganana ulah sirah awewe, tapi sirah lalaki 
...eta oge sanes sirah nu diluhur ....tapi "sirah" nu dihandap .....hehehehe 

Aki Tams, perkawis jilbab jeung moral, kuring rek nyandak conto di Arab 
Saudi. Kuring acan kaditu ngan ceuk beja, awewe arab saudi mah lamun kaluar 
kudu buni dikurudung ditambah dicadar, jeung teu meunang sosorangan kudu 
jeung mahramna. Awewe oge dipisahkeun jeung lalaki ditempat-tempat/fasilitas 
umum. Naha ku aturan ieu, moral jadi aralus?

Tangtos nu parantos munggah haji, sok aya nu mamatahan, cenah kade lamun 
naek taksi, pamajikan ulah asup tiheula kana taksi, kudu lalaki ti heula. 
Alesanana bisi pamajikan dibawa kabur ku supir taksi!. Tina papatah eta oge, 
kacipta kumaha TEU AMANNA Arab Saudi keur awewe. Loba lalaki nu hayang 
ngobral nafsu, geus teu ningali deui moralitas demi nafsu!. Jeung loba 
dongeng deui nu nunjukkeun lalaki Arab Saudi ka obsesi luar biasa ku awewe.

Lalaki Arab Saudi libidona gede kulantaran beuki daging embe? Ah sigana mah 
lain eta, daging embe mah ukur mitos. Tapi ceuk kuring mah kulantaran 
kahirupan sosial urang Arab Saudi misahkeun lalaki jeung awewe ti budak 
keneh. Kulantaran dipisahkeun, akibatna boh lalaki atawa awewe nganggap 
lawan jenisna teh "MANGKELUK nu BEDA" jeung manehna. Lalaki akhirna 
nganggap awewe sabage "mangsa" sabalikna awewe nganggap dirina salawasna rek 
"dimangsa" wae. Lalaki= singa, awewe=mencek. Nu aranna mencek salawasna kudu 
racingeus, sabab dimana-dimana aya predator nu siap rek ngerekeb. Singa 
(predator) dina neangan mangsana, tangtu milih mangsa nu teu awas kana 
bahaya.

Awewe kudu siga mencek rancingeus, kudu dibungkus sing buni lamun kaluar ti 
imah, dianteur ku lalaki kulawargana, sabab lamun henteu lir ibarat mencek 
kukulamprengan dileuweung sosorangan, resiko dikerekeb ku singa gede pisan. 
Tah lamun logikana model kieu, tanggtu nu berlaku moral di leuweung lain 
moral jalma nu beradab!

Nu hade, lalaki jeung awewe kudu papada ngarti yen dua mangkeluk beda lawan 
jenis teh, sabenerna mah mangkeluk nu sarua, lain hubungan antara predator 
jeung mangsana. Carana kudu gaul ti budak keneh. Sakola teu meunang 
misahkeun murid lalaki jeung murid awewe, dina sapopoena oge kudu gaul, nepi 
ka mucunghul saling pengertian. Sigana ku logika model kieu, sakola Islam 
tempat anak kuring sakola, tetep ngahijikeun budak lalaki jeung awewe 
sakelas. KItu deui sakola Katholik di Bandung, nu baheula mah aya sakola 
khusus keur budak lalaki, aya sakola khusus keur budak awewe. Ayeuna mah 
geus henteu, muridna dicampur.

Eh jadi ngacapruks, naon hubunganana jeung Jilbab? .....ah lamun bisa mah, 
enya ditempo tina sudut ieu sigana jilbab teh teu kudu buni-buni teuing, 
tepi ka teu jelas ari nu disebut mangkeluk awewe teh siga kumaha nya? nu 
ngajedig dibungkus hideung wungkul kitu?

Punten kanu teu sapagodos.

Baktos,
WALUYA

 



    
---------------------------------
  Never miss a thing. Make Yahoo your homepage.   
  
  
  








  

                         


       
---------------------------------
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

Kirim email ke